Nganjang Ka Puseuring Peuting - Sajak-Sajak Nazarudin Azhar

 

Hujan di Pasawahan. AI Image.


NGANJANG KA PUSEURING PEUTING 

anjeun jeung kuring
silih ayunkeun kahayang
sabot nganjang ka puseuring peuting
nyambung paguneman panjang 

kuring jeung anjeun
tepung lain pédah leukeun
pan kuring nu mindeng ngumaha
tamada réa kurangna

anjeun nu teu weléh soméah
muka lawang-lawang cahaya
nyambat ku galindeng pangbagéa

kuring nu geus teu mangrupa
ridu ku réa paménta
masrahkeun sapuratina

2026





HUJAN RAAT TABUH OPAT

hujan raat tabuh opat
tapi aya nu masih nunggu isarah
saméméh girimis sirna sakabéhna
di rohang-rohang waktu nu maruka

sareupna ngalamuk di satukangeun 
tumpukan jam, hunyudan jarum-jarumna
reureuh dina titimangsa, nu mungkas
mangratus sajak sungkawa

sésa bulan masieup komarana
di langit lian nu masih wening
tina panggunasika ungkara cinta

lebah régol nu nyambungkeun 
dua jalan nu méméhna pasalia
sageugeus béntang mugurkeun kelétna

2026





DI JURU KAFÉ

soré, tasik ngan salega méja
di juru kafé tempat manéhna ngaregepkeun
sapada kasono, di antara komposisi jazz 
jeung sagelas americano 

gambaran kasugemaan kasampeur sabot aleum
madakeun girimis kana mamanis wirahma
marengan imut nu ngalalar di antara patalimarga
na saleunjeur jalan tarumanagara

tasik tempat pangulinan pikir, dina tingtrimna
aya gupay nu ngahaja teu sina ingkah
nu kalan-kalan jadi sungapan kaguligah

tapi di dinya ayana kaéndahan, nu diraksa
ku batin nu tigin kana ringkangna, ngubur céda
ku kasabaran nu nyampurnakeun asihna  

2026





SAMÉMÉH PARAT DI GARIS AHIR

saméméh parat di garis ahir, miharep
masih aya luang pikeun ngaleumpangkeun
kateuneung, meunang nginjeum ti nu melang
nu milu merenahkeun tuduh jalan

nu sakapeung jadi leuweung geledegan
tempat nyawa kumareumbing muru genclang
panyawangan, nyiar sapisarateun galeuh 
ngalelebah panyirnaan katugenah

jalan nu ledeg ku karep hayang reureuh
tepung-gelang na pangrasa
asa-asa geus tepi kana wayahna

singhoréng nu geus asa jeung jiga
tambuh laku na déja vu, rasa aing
geus manjing sagala-galana

2026





LALAKI NU DIJUBAH HUJAN

manéhna, lalaki nu dijubah hujan
di nagri nu kaleungitan angen-angen
misono sakur balébat nu dicipta
bisa mukahkeun lalangsé dunyana

ngaliwatan gedong-gedong nu nyidem
leuweung geledegan, panonoban
mahluk tuna nu ngarasa mibanda sagalana
ngaliwatan asal muasal dirina

sakabéh carita jadi rélif dina dingding kasimpéna
pamidangan kaguligah nu dipahat dina batu
nu ngawujud tina kabedang cintana

di hiji pertelon manéhna tanggah 
digero ku aweuhan sora sumerah, sora batinna 
nu heubeul ménta dipikawanoh

2026





SARAKAN NU NGALANGKANG

sarakan nu ngalangkang na beungeut sorangan
dilabur rupaning usum ti luareun palintangan
tapak hujan malidkeun bangké kukupu
rajah dina jangjangna jadi gerendeng kulawu

asar ahir, sésa katumbiri luhureun pasir
kelir layung ukur témbong di poé nu geus kalarung
lalay jeung siraru, nu pésta jeung nu jadi korban
papada hirup na huripna séwang-séwangan

sarakan nu ngajurung ngukur tangtung
lumampah ngarecah léngkah, mindeng ngingetan
ku gupay pucuk janur ti lebah sintung kalapa

lapat-lapat sora ti sajeroeun eunteung
sora tina sésa peura nu can kungsi kacatetkeun
sabot nu ngalangkang jentul batu pajaratan

2026


Nazarudin Azhar, pangarang, dumuk di Tasikmalaya. Kumpulan sajakna nu geus medal, Ngabungbang (Geger Sunten, 2012) jeung Miang (Pustaka Jaya, 2023). Kiwari keur nataharan medalkeun kumpulan sajak anyarna.




Posting Komentar

0 Komentar