Sampeu Cireundeu

 

Balé Saréséhan, Cireundeu. Foto: Cacandran.


“Wilujeng Sumping di Kampung Cireundeu Rukun Warga 10”. Aksara Latén jeung Sunda natrat dina gapura, mapag léngkah basa mimiti anjog ka tempatna téh. Padumukan katangén suhunanana, mudun ka handap. Da puguh kampung téh perenahna di léngkob, handapeun suku Gunung Kunci, Ciménténg, Gajahlangu, jeung Sayangkaak. Paeunteung-eunteung deuih jeung urut TPA Leuwigajah.

Perenahna mah di Kalurahan Leuwigajah, Kacamatan Cimahi Selatan, Kota Cimahi. Kaitung jauh ti puseur Kota Bandung mah, kira-kira 40 km laju ngulon. Merlukeun waktu perjalanan 1,5 nepi 2 jam. Éta gé lamun ngagunakeun kendaraan pribadi. Da ari kana kendaraan umum mah leuwih lila deui. Kudu sababaraha kali ganti angkot. Ti Leuwipanjang naék angkot nu ka Cimahi, tuluy naék deui jurusan Cimahi-Leuwigajah, terus Cimahi-Cangkorah, jeung ditungtungan ku naék ojég.

Sagala tina Sampeu

Sabéngbatan mah Cireundeu téh prah baé kawas kampung séjénna. Lebah kamekaranana gé sarua. Imah témbok ngajarengléng, atuh telepisi, radio, hapé, katut barang éléktronik séjénna ogé geus lain barang anéh. Dina widang atikan gé kaitung maju, kawantu réa nu geus sakola ka paguron luhur. Cindekna, tingkat ékonomina geus lumayan maju. Ngan nu matak narik, lian ti masarakatna masih kénéh nyekel pageuh tatali tradisi, kadaharan pokona gé lain béas, tapi sampeu.

Cenah masarakat Cireundeu mimiti ngadahar sampeu téh ti taun 1918, mangsa Walanda keur ngajajah kénéh. Harita Cireundeu kungsi ngalaman paila. Pikeun ngungkulanana, salah saurang sesepuh kampung néangan tarékah, nu satuluyna meunang pituduh sangkan ulah ngadahar kadaharan tina béas.

Antukna nyobaan ganyol, taleus, jeung hajeli pikeun gantina. Tapi teu kuat lila, nu antukna pindah kana sampeu nepi ka kiwari. Pantes rék kituna téh, da puguh Cireundeu mah wewengkonna kurang cocog pikeun nyawah. Malah cenah lamun melak paré, komo nincak usum halodo, sok gagal waé. Cai téh ngadak-ngadak saat.

“Teu nanaon teu boga huma asal boga paré, teu boga paré asal boga béas, teu boga béas asal ngéjo, teu ngéjo asal dahar, teu dahar asal hirup.” Éta téh palsapah hirup urang Cireundeu dina ngalakonan hirup ku jalan néangan alternatif kadaharan poko (béas) ku sampeu. Mémang ngadahar sangu lain pantrangan, tapi wuwuh geus jadi kabiasaan kana sampeu, cenah kiwari masarakatna loba nu jarijipen, malah loba nu nyareri beuteung lamun geus ngadahar sangu.


Kaolahan tina sampeu. Foto: Cacandran

Kampung Cireundeu téh dikokolakeun ku tilu tokoh kampung, nyaéta sesepuh nu nangtukeun kawijakan hirup kumbuh tur ngokolakeun tradisi taunan, ais pangampih nu ngokolakeun kamasarakatan, jeung panitén nu ngokolakeun kapamudaan jeung tani sampeu.

Lega lahanna kurang leuwih 100 héktar, kabagi kana opat bagian nyaéta 10 héktar lahan padumukan, 25 héktar leuweung baladahan (lahan tani sampeu), sarta 65 héktar kabagi kana leuweung tutupan jeung larangan.

Rupaning Poténsi

Kagiatan tradisi taunan nu maneuh di Cireundeu nyaéta Sérén Taun Ngemban Taun Saka unggal tanggal 1 Sura, nu sok disebut suraan. Tempatna di Balé Saréséhan—legana 6 X 6 méter, lengkep jeung panggung pintonan kasenian nu legana 6 x 4 méter, perenahna di tengah kampung. Tujuanana lian ti nutup jeung mapag taun anyar Saka, ogé salametan tina hasil tani jeung ingon-ingon, ngaharib-harib sérén taun di Kuningan.

Lian ti éta, Balé Saréséhan gé gedé fungsina pikeun dijadikeun tempat diajar aksara Sunda Kuna jeung rupaning kasenian Sunda (celempungan, gondang, karindingan, angklung buncis, mamaos, jeung degung).

Jenis sampeu nu dipelak tur dikonsumsi di Cireundeu nyaéta sampeu pait/karikil, nu ku masarakat séjén mah sok dipaké parab ingon-ingon. Lantaran, lian ti rasana pait, ogé matak weureu. Mémang sampeu pait téh goréng lamun langsung dikonsumsi, tapi lamun diolah kalawan apik tur beresih, sampeu pait lian ti gedé kandungan karbohidratna (unggal 100 gr sampeu ngandung énérgi 359 kkal, 86,5 gr karbohidrat, 1,4 gr protéin), ogé gedé pisan kandungan acina.

Tina 25 héktar nu dipaké lahan tani sampeu, Cireundeu ngahasilkeun 20 ton per héktar dina sakali panén. Sangkan kualitas sampeuna hadé, dipanén dina umur 10 bulan jeung jangkung tangkalna 2,5 m. Kitu ogé dina miarana, ti mimiti melak (sték) kudu bener-bener. Pangpangna dina waktu sampeu umur 2-4 bulan sok kaserang hama bulé (hama daun) jeung buruk beuti. Tani sampeu téh kabagi kana sapuluh  kelompok, nu unggal kelompokna boga mesin pamarudan sampeu pikeun dijadikeun aci.

Di Cireundeu, sampeu téh diolah jadi rupaning kadaharan poko, kayaning sangueun/rasi (beras singkong), awug, gegetuk, katimus, comro, misro, jeung réa-réa deui. Sedengkeun bahan kadaharan jeung kaolahan tina sampeu nu diproduksi pikeun jualeun di antarana rasi, aci, rangining, opak, kicimpring, kurupuk, jeung peuyeum. Biasana sok dipasarkeun ka daérah Bandung, Sukabumi, Karawang, jeung Jakarta.

Rasi téh kadaharan poko urang Cireundeu, asalna tina hampas hasil ngolah sampeu. Sanggeus sampeu dipesék tur diberesihan, tuluy diparud dina mesin pamarudan. Tah, hampas parudan nu dijadikeun rasi téh. Hasil marud téh dikeueuman cai sapeuting dina bak pangeueuman. Laju cai pangeueuman dipiceun sarta dedekna dipoékeun antara sapoé nepi ka dua poé. Sanggeus garing, jadi aci nu siap dipasarkeun.

Tina poténsi nu ditataan tadi, Cireundeu sababaraha kali meunang pangajén ti instansi pamaréntahan daérah jeung pusat. Di antarana pangajén Ketahanan Pangan dan Kelompok Tani Spesifik ti Kementrian Negara Lingkungan Hidup taun 1964 jeung 2007. Pangajén ti Dinas Perekonomian dan Koperasi Kota Cimahi, ti Wali Kota Cimahi, ti Badan Ketahanan Pangan Departemen Perekonomian, ti Dinas Perindustrian dan Perdagangan Agro Provinsi Jabar, ti Gubernur Jabar, sarta ti Présidén RI taun 2008 jeung 2009. Atuh pikeun widang kabudayaanna kungsi dilélér pangajén ti Disparbud Jabar taun 2008.



Posting Komentar

0 Komentar