![]() |
| Inay. AI Image. |
Ngajeblag tulisan dina bor; kajeueung écés najan ti lebah bangku pangtukangna. Aya tilu jajar: Piknik Waktu Peré, Kulawarga Abdi, jeung Cita-Cita.
“Tah ieu, barudak, judul karangan anu kudu dipilih téh. Teu hésé; tulis waé pangalaman anu kungsi karandapan ku hidep sapopoé. Ulah pondok teuing, tapi deuih ulah panjang teuing. Pék karang sing alus. Kadé poho nuliskeun ngaran, saméméh pagawéan hidep dikumpulkeun. Jeung deuih ulah dicurat-corét. Kudu rapih, kudu beresih,” Pa Guru jéntré nerangkeun.
Barudak kelas opat cug-ceg kana keretas reujeung patlotna. Aya anu langsung tret nulis, tapi lolobana mah tingharuleng heula, ngiker-ngiker judul jeung pieusieunana. Sanggeus ngarasa cop jeung haté, kakara dimimitian.
Jempling. Barudak jongjon ngahanca pagawéanana. Kitu deui Pa Guru, anteng manco kana surat kabar, meunang cikénéh ngahaja ngécér ti parapatan. Ngajeblag judul beritana—sénsasional jeung bombastis: “Pahlawan Tanpa Tanda Jasa Tuntut Kenaikan Gaji.”
“Teu meunang silih turun. Kudu meunang sorangan,” sora Pa Guru meupeuskeun kasimpé. Teuing mémang ngahaja ngingetan, teuing mémang tamba euweuh teuing piomongeun.
Enya, aya anu karasa nyelek dina angen, sanggeus bieu ngagayem berita head-line. Tiheula-tiheula mah asa teu kungsi kasawang, guru abring-abringan ngadémo pamaréntah, komo mun anu dikahareupkeunana urusan panghasilan. Tong waka démo, cacak karék ngajukeun kahayang sangkan tong loba teuing potongan kana gajih ogé sok terus dicap anu lain-lain. Anu kasebut démo téa, mimindengna mah sok diajén kurang positip. Démo mah urusan pagawé pabrik, mun lain mahasiswa ogé. Lain hancengan guru anu, cenah, tingkah lakuna kudu nya gugueun nya tirueun. Tapi, pajamanan ayeuna mah geus béda deui laguna. Anu tadina dibuni-buni, kiwari ngahaja ditalembrakkeun. Anu asalna dipahing, ayeuna jadi diwenangkeun, malah dihucuhkeun!
Di jero kelas angger jempling. Anu rajeun kapireng téh paling ukur keresekna keretas.
Mun anu séjén geus mimiti trut-trét opat-lima jajarna, manéhna mah can nulis saeluk-eluk acan. Lain, lain teu ngarti yén ieu téh pangajaran ngarang. Ngarang anu cenah, ceuk Pa Guru, samaksud jeung nyurahkeun perasaan kana tulisan. Ngahuleng sotéh duméh judulna taya anu pas jeung gerentes haté; sok komo lamun anu rék ditulisna kudu mangrupa pangalaman sorangan—sakumaha ceuk katerangan Pa Guru cikénéh.
Piknik dina poé peré? Ah,iraha teuing maké ngajaran piknik, najan keur peré noron aya mingguna ogé. Piknik téh sukan-sukan téa, lin? Ari semet ngadéngé mah mindeng éta gé manéhna téh. Ngan, kumaha ari rasana piknik? Éta mah sama sakali henteu kasawang, komo mun kaalaman. Acara manéhna sapopoé geus maneuh taya robahna; ukur ngala cai, selang-selang ti ngasuh téh. Isuk-isuk milu pagegelek bari ngajingjing émbér, di luareun bénténg pabrik. Teu cukup ku dua balikan éta téh, mangkaning lamun anu ngantayna kalolobaanana kolot mah sok nyarelé, da hayang paheula-heula meunang bagian. Cai jatah ti pabrik, ngocorna ogé diwatesanan, komo mun dina usum halodo mah. Hayang meunang saémbér téh matak kesel nungguanana. Anu matak inditna ka sakola téh sok remen kabeurangan, padahal mimiti ngantay téh ti subuh kénéh. Balik ti sakola geus disampakkeun deui tugas kudu ngasuh budak sadua-dua; lanceukna umur opat taunan, adina karék mimiti diajar leumpang. Lamun sakalieun balik elat ogé, bibina sok langsung ngagambréng: “Tos ngaladog ti mana heula atuh manéh téh?”
Tara némbalan najan disentakna di buruan kénéh ogé. Kahiji, sabab bibina bakal leuwih ambek, najan can kungsi ari tepi ka nyeprét atawa nyintreuk mah. Kadua, sabab manéhna geus ngarti. Lamun balik ka imah rada elat, hartina si Ibi bakal elat indit ka tempat gawéna. Jadi, moal loba beubeunanganana, mangkaning buruhanana téh cenah teu sabaraha.
Pasosoréna kudu geus kencling deui ngajingjing émbér. Mawa cai tilu-opat balikan téh tampolana tepi ka wayah magrib. Puguh waé asa cangkéwéng, da ti lebah bénténg pabrik ka imah téh aya kana ratusna léngkah, mapay-mapay gang heureut—léngkah budak awéwé umur sapuluh taunan.
Naha atuh sumur di tukangeun imah téh bet euweuh caian? Tong waka dina katiga, dalah keur nincak usum ngijih ogé angger waé saat. Dina ayana ogé tara leuwih ti satengah émbéreun, bari jeung kiruh tur bau. Naha atuh Ibi jeung Mamang téh kalah milih imah di tempat anu hésé pisan ku cai? Keun ari lebah hareurin jeung rarupekna, da puguh ngan ukur imah pétak. Manéhna ogé sok rajeun ngadéngé dongéng ti tatanggana, cenah barétona mah di dinya téh teu susah-susah teuing ku cai, najan teu cur-cor kawas di lemburna. Ngan sanggeus loba pabrik, sumur jadi saraat, caina lus-les teuing ka mana. Teu kalis ku dijeroan, angger waé cai téh teu daékeun némbongan. Sumur anu araya di dinya geus robah jadi liang gurawah pikakeueungeun, poék meredong teu katémbong dasarna.
Ah, kacida matak senangna lamun sumur di tukangeun imah aya deui caina—hérang ngagenyas, tur teu saat-saat najan remen ditimba. Meureun moal kudu capé ngajingjing émbér, jaba bisa seubeuh mandi jeung diangirna.
Batan trét ngamimitian nulis, manéhna kalah anteng ngahuhuleng. Keretas anu aya di hareupeunana masih kénéh kosong, iwal ukur aya tulisan ngaran manéhna: Inayah, kelas 4.
Jadi, naon tuliskeuneunana mun kudu ngarang ngeunaan piknik mah, da sidik can kungsi ngalaman. Anu raket dina kahirupan sapopoéna téh taya deui iwal ti ngasuh budak, ngajingjing émbér, bulak-balik ngakutan cai ti luareun bénténg pabrik ka imah pétak, pagegelek jeung batur, bari mimindengna mah sok kasérédkeun—abong heueuh ukur ka pangawak budak.
Kudu ngarang ngeunaan naon atuh? Ieu kitu ngeunaan kulawarga? Kulawarga Abdi. Tapi, naon jeung saha waé anu kaasup kulawarga abdi téh? Ibi jeung Mamang katut barudakna? Atawa, Nini jeung Ema anu aya di lembur?
Manéhna ngahuleng deui. Bruh-bréh gambar kaayaan di lembur, narémbongan salalar-salalar. Sawah reujeung kebonna, balong jeung solokan tempat ngala haremis, tangkal kalapa saparat tambakan, jalan taringgul, usum ngawuluku, tangkal haréndong jajalaneun ka astana ..., jeung rupa-rupa sisi kahirupan séjénna anu dipiwanoh ti bubudak, anu geus lawas henteu katéang.
Keur naon ayeuna Ema jeung Nini di ditu? Ari di tukangeun imah naha masih kénéh aya sawah? Naha Nini masih kénéh kadugaeun buburuh tandur atawa derep? Ari tangkal kérsen hareupeun warung Bi Cioh anu salawasna reuteum ku barudak naha can dituar? Ari pancuran di balong Uwa Punduh masih angger kénéh aya tilu?
Bapa? Ah, bapa …, éta mah ukur aya dina dongéng Nini. “Tah Inay, basa bapa manéh ragrag téh, manéh karek bisa nangkuban,” kitu dongéngna—nyao dongéng anu kasabaraha kalina. Ragrag ti loténg anu kacida luhurna, cenah, di Jakarta. Ngadéngé kecap Jakarta, manéhna ukur semet bisa ngawangwang. Éta ogé ari saeutik-eutikeun mah nyaho, tina televisi. Jakarta téh geuning kacida raména; kendaraan pasulabreng taya towongna, heurin usik pangeusina, jeung loba gedong jarangkung kacida. Ah, meureun Bapa ogé ragragna téh tina gedong kawas kitu, anu jumlah tingkatna ngawelas, ceuk gerentesna. Naha atuh Bapa téh bet maké daék buburuh némbok di tempat anu sakitu luhurna?
Tangtu waé manéhna mah tacan ingeteun-ingeteun acan basa layon bapana dianteurkeun kana ambulan téh. Kitu deui pajaratanana, ukur kaurus bubulanan, da ari saterusna mah diculjeunkeun. Meureun boro-boro ngurus makam, ngurus nu hirup gé mani geus sakitu ripuhna ninina téh.
Nincak umur opat taun, indungna lunta ninggalkeun lembur. Manéhna geus pohoeun deui, kumaha kajadianana waktu harita papisah. Anu ingeteun kénéh téh lebah ceurikna, waktu indungna unggah kana mobil. Geuleuyeung maju, nyao ka mana.
“Engké gé Ema bakal balik deui ka dieu. Mawa duit loba, mawa kuéh kaléng jeung korma, mawa cocooan aralus keur manéh, mawa ...,” omong ninina, lamun keur ngupah-ngapéh, dina manéhna kadatangan rungsing lantaran inget ka anu jadi indung.
“Bonéka téa nya, Ni?” manéhna giak nanya, barang ngadéngé kecap cocooan mah.
“Heueuh,” walon ninina. “Jig ayeuna mah ulin deui sing anteng. Kadé, tong nyusul-nyusul Nini ka sawah, bisi labuh.”
Karék ku ngadéngé kitu gé manéhna geus atoh kacida. Ema bakal balik bari rébo ku oléh-oléh, mawa duit loba—malah ceuk Nini mah duit emas, duit bawa ti nagri Arab.
Heuleut sawatara bulan, enya waé indungna geus balik deui. Tapi, teu mawa kuéh kaléng atawa korma, teu mawa cocooan, teu mawa pakéan, sumawonna duit emas. Indungna mulang ka lembur dina kaayaan teu walagri, lumpuh geus parna pisan.
Deui-deui manéhna ngadéngé kajadian anu patali jeung kecap “ragrag”. Ceuk anu nganteurkeun ka lembur, cenah indungna téh ragrag ti loténg di imah dununganana, peuting-peuting. Mun Bapa ragragna di Jakarta, ari Ema mah di nagri Arab—nagri anu duitna tina emas.
Naha atuh Ema téh bet kudu ragrag? Naha pédah keur lulungu kitu, sabab cenah kajadianana peuting-peuting? Atawa, pédah aya naon tepi ka jadi ragrag?
Manéhna teu kungsi manggihan katerangan anu bangblas. Anu puguh mah, indungna mulang ka lembur dina kaayaan batan sakitu. Teu cageur deui sabihara-sabihari. Boro-boro bisa ngaléngkah, teu kadugaeun nangtung-nangtung acan; ukur mampuh ised-isedan bari bangun anu susah kacida pikeun obahna. Sapopoéna ukur ngahuleng-malaweung, bari tara nyarita sakemék-kemék acan. Sakapeung bibirigidigan bangun anu baluas-ginggiapeun.
Nincak umur tujuh taun, manéhna dibawa ku bibina, ka kota. “Ngarah bisa sakola di ditu mah,” kitu minangka alesanana. Lain hartina di lembur taya sakola, ngan meureun teu nyampak keur ngawaragadanana mun ngandelkeun Nini mah.
Manéhna henteu mungpang, najan ari disebut giak mah henteu deuih. Lain teu hayang sakola, kawas barudak papantaranana, ngan asa beurat ninggalkeun indung. Meureun Ema téh langka aya anu maturan, sabab Nini mah tara aya di imah pabeubeurang, ngudag-ngudag buburuhaneun anu remen kudu ngaprak ka lembur séjén—aya kalana mulang ka imah téh geus liwat ti wanci asar.
Di kota, manéhna asup sakola. Kaitung rada senangna téh ukur sataun, da ari saterusna mah saban poé diperekpek ku gawé. Remen kabeurangan, sabab kudu bulak-balik heula ngakutan cai. Balik ti sakola, kudu terus ngasuh; mimiti anak bibina anu cikal, geus kitu nyambung ka anak nu nomer dua. Pasosoréna, ngakutan deui cai. Kitu jeung kitu, taya robahna.
Dina parengna dianteurkeun ka lembur (lamun keur peré sakola), biasana gé tara leuwih ti dua poé. Sok gancang ditéang deui, sabab bibina taya nu nalang-nalang gawé, cenah.
Najan can kungsi betus, saenyana manéhna henteu betaheun cicing di bibina téh. Tapi—nya kitu—teu bisa mungpang. Kudu cicing jeung bibi, kudu sakola, kudu ngasuh, kudu ngala cai.
Naha maké kudu sakola? Ngarah pinter, cenah. Ngarah boga ijasah, cenah. Ngarah engké babari néangan gawé, cenah. Naha deuih di sakola maké kudu diajar ngarang, nyaritakeun pangalaman piknik waktu peré, kaayaan kulawarga, atawa cita-cita? Padahal, dina sawanganana mah manéhna ngarasa teu butuh ku anu bieu ditataan téh. Batan ku sesebutan “pinter”, manéhna ngarasa leuwih butuh ku indung, anu najan geus teu boga daya gé tapi angger kénéh mikanyaah—kagambar dina sorot panonna. Jeung ku ijasah mah, butuh kénéh ku cai dina sumur; ngarah teu kudu bulak-balik ngakutan ti luareun bénténg pabrik, ngarah bisa mandi saseubeuhna ... kawas di lembur.
“Kumpulkeun, barudak! Engké ku Bapa arék dipeunteun, asupkeuneun kana rapot,” omong Pa Guru, bari nilepan koran. Teu kungsi lila, tréng loncéng disada.
**
Bari ngabandungan siaran berita dina televisi, Pa Guru mariksa hasil karangan muridna. Najan diwawadian kudu nulis kalawan rapih jeung beresih ogé, angger waé pagawéan barudak téh loba cawadeunana.
Lolobana mah karangan ngeunaan cita-cita. Beu, mani ku rupa-rupa: jadi dokter, insinyur, kolonél, anggota DPR, hakim, jénderal, malah présidén. Tapi, hiji gé taya anu nulis hayang jadi guru!
Naha enya guru geus teu populér jeung taya pasaran pisan, sakurang-kurangna kitu ceuk anggapan barudak kiwari? Pa Guru ngahuleng heula. Ras deui isukan kudu ka Jakarta, kudu milu démo ka Senayan dina raraga ngoméan nasib. Jadi, kapaksa isukan mah sakola diperékeun heula.
Tapi, ku kitu gé barudak téh laluhur cita-citana, sok sanajan umumna mah maranéhna téh ukur anak pagawé pabrik tékstil Muga-muga waé sing tinekanan, sing jaradi jelema, omong Pa Guru dina jero haté ka dirina sorangan.
Pa Guru ngagerentes kitu téh sabab mariksana can anggeus kabéh. Padahal, dina tumpukan panghandapna, aya karangan jieunan muridna anu ukur dua jajar: “Cita-cita abdi mah Ema jagag deui. Sareng cita-cita abdi nyaéta sumur seueur deui caina.”
Cibiru, Juni 2000
TATANG SUMARSONO, lahir di Tasikmalaya taun 1956. Taun 1976 neruskeun sakola ka IKIP Bandung, Jurusan Bahasa dan Sastra Sunda. Pacabakanana anu utama jadi wartawan, ti taun 1975. Bukuna anu geus medal aya 66 judul, ngawengku fiksi, biografi, pangajaran, jeung pedaran umum lianna. Kungsi sababaraha kali meunang hadiah sastra LBSS, DK Ardiwinata, jeung Oeton Muchtar. Novel barudakna, Si Pasér, dilélér hadiah Samsudi taun 1993. Ari novel Demung Janggala jeung Galuring Gending dilélér hadiah sastra Racagé taun 1994 jeung taun 2002.


0 Komentar