Mélankolia Agustusan - Sajak-Sajak Arom Hidayat

 

Agustusan. AI Image.


MÉLANKOLIA AGUSTUSAN

Lalajo nu arak-arakan
Ngagotong sisingaan jeung jampana
Eusina meunang urunan
Ti rahayat nu malarat

Lalajo nu tarik tambang
Pagedé-gedé tanaga jeung tatangga
Enggeusna ngalungsar leuseuh
Ieuh hadiahna euweuh

Lalajo maén rebutan
Saha nu téga nincak taktak bari nété hulu batur
Tangtu nepi ka luhur
Ngalungan sésa keur nu ranghap di handap

Hégarmanah, 2026





MÉLANKOLIA KATIGA PANJANG

Teu jauh tina taneuh anu ngewag
Ngagurat tapak raheut 
Nyingkab ngaliglag

Teu jauh ti ieu diri
Tatangkalan ngangres ngageuri
Geuning enya éta téh kapeurih anjeun
Nu diinjeum tina kapeurih kuring

Dina galeng nu jukutna pérang
Anteng ngahuleng ngararasakeun
Kejem katiga panjang

Wangunsari, 2026





MÉLANKOLIA LEMBUR HALIMUN 

Neuteup haseup anu ngelun tina hateup nu disuhun
Patarenggang imah panggung. Satukangeun halimun
Nu lalambaran, témbong gelor tingsalingker lembur
Singkur. Ngeumbing lamping suku gunung

Ngalenyepan haseup nu ngaleungit diseuseup legana
Langit. Satukangeun halimun nu lalambaran, geuning
Rusiah téh langgeng milik maranéhna. Tilem-timbul
Nyidem munajat simpé nu rencep kebat ka alak paul

Wangunsari, 2026





MÉLANKOLIA DIRI

Dina jero taneuh
Aya nu maneuh merenahkeun manéh
Ngahirup-huripkeun harepan seug tumuwuh
Jadi tangkal keur tumungkul jadi bagal cing tawekal

Dina jero taneuh
Aya akar nu salawasna janglar ihtiar
Najan katiga teuing ku panjang
Teu ngarasula luh-lah nyalahkeun wayah

Dina jero ieu waruga
Ieung geuning aya aing: nu taya ras-rasan
Jeung teu payaan

Hégarmanah, 2026






AROM HIDAYAT, lahir di Bandung Barat taun 1981. Dumuk di Cililin. Sajak-sajakna dimuat dina Manglé, Cupumanik, Kabar Priangan, Galura, jeung Galamedia. Kungsi meunang pangajén ti LBSS. Buku kumpulan sajakna Hariweusweus Leuweung Pineus (2013). Kiwari sapopoéna salian ti nulis sajak, ogé nulis rumpaka lagu jeung ngoléksi wayang golék.


Posting Komentar

0 Komentar