Hiji Poé Basa Jénghis Khan Bitu Amarahna - Zakaria Tamir

 

Dr. Kaldé. AI Image. 


Bulan Séptémber ayeuna kapidangkeun carpon tarjamahan ti pangarang Suriah, Zakaria Tamir. Ieu pangarang anu nulis dina basa Arab téh lahir taun 1931. Ti taun 1980 nganjrek di Inggris. Zakaria Tamir kaasup pangarang Arab kasohor. Kumpulan carponna aya welasna buku. Carpon "Hiji Poé Basa Jénghis Khan Bitu Amarahna" ditarjamahkeun kalawan bébas tina carpon basa Arab "يوم غضب جنكيز خان".


Jénghis Khan kongas jalma gangas anu weureu seubeuh ku getih jeung seuneu. Mun manéhna keur pareng pinanggih kesel kaluman, bingung naon deui anu kudu dilakonan, manéhna sok tuluy nginget-nginget pirang-pirang kota anu kungsi diratakeun, sarta pirang-pirang lalaki, awéwé, barudak leutik, buku, manuk, ucing, jeung tatangkalan anu ditumpurludeskeun. Nya ku cara kitu haténa sok jadi gumbira deui, lir béntang nu kumelip di awang-awang sagara keusik.

Ngan dina hiji mangsa mah éta rasa kalumanna téh weléh teu daék sirna. Témahna matak sumpeg angen, rudet ati leuwih ti misti. Setrés baé cindekna mah. Antukna ménta bongbolongan ka salah sahiji menterina anu wijak tur percéka.

Éta menteri tuluy ngahuleng bari kerung. “Paparin waktos baé sababaraha dinten mah kanggo ngémutan, manawi tiasa kapendak landongna,” omongna.

Jénghis Khan nyentak, “Sia mah, cungur téh kawas tabib baé! Maké jeung landongna-landongna sagala! Aing mah hayang aya jawaban ayeuna! Lamun henteu, ulah sambat kaniaya, sia bakal disisit hirup-hirup!”

“Ampun paralun kaulanun, pamugi Gusti ulah bendu. Pamundut Gusti baris dicumponan ku jisim abdi. Mangga, ku jisim abdi badé diwaler ….”

“Pok-pok atuh, tong sok puputeran! Cing pék ku silaing pikiran, kumaha carana sangkan ieu kakesel kakaluman leungit ti diri kaula?”

Éta menteri tuluy némbal, “Rupina anu ngajantenkeun Gusti éwéd manah téh ku margi Gusti tos lami teuing calik raos di lebet karaton. Sanggem pangémut jisim abdi mah kedah aya parobihan suasana.” 

Jénghis Khan ngaragameneng rada lila. Sanggeus dipikiran deui, bongbolongan ti menterina ku manéhna diturut. Jénghis Khan indit ti karatonna, ngadon nyamur jadi jalma miskin. Manéhna lumampah sorangan mapay-mapay jalan tug ka sukuna rincug tur béakeun tanaga. Tapi éta kakalumanna téh ti batan  leungit mah kalah beuki angot nyaliara. 

Basa manéhna ampir baé mutuskeun rék mulang ka karatonna bari geus niat bakal ngahukum menterina, Jénghis Khan nempo hiji jalma keur ngagebugan kaldé maké popongkol datang ka sahabekna. Geuwat disampeurkeun. Leungeunna ditéwak, bari gantawang dicarékan, “Ari silaing bet ku taya ras-rasan, hah!”

Éta jalma ngadon melong bangun héran, bari teu engab sakecap-kecap acan. Anu leuwih matak pikahéraneun deui, kalah ka Sakadang Kaldé anu pok ngomong téh, “Nanaonan andika ilubiung kana urusan batur? Anu digebugan téh kuring atawa andika?”

Jénghis Khan ngarénjag reuwas. “Aéh geuning, kaldéna bisa nyarita!” 

Kaldé ngomong deui semu reueus nakeranan, “Lain ukur bisa nyarita, tapi kuring mah weruh oge jeung tata basana, sarta saeutik ogé moal kaselapan ku dialék wewengkon anu mutuh ukur ngotoran wungkul.”

Jénghis Khan beuki ngarasa héran. “Laga-laguna mah silaing téh kawas jalma pinter, euy!” ceuk Jénghis Khan ka Sakadang Kaldé.

“Puguh baé kuring mah jalma pinter,” omong Kaldé bari beuki dangah.

“Alah, salah tah silaing omongan téh! Kaldé pinter, lain jalma pinter,” Jénghis Khan menerkeun.

“Andika nu kaliru. Najan waruga kuring kaldé, tapi saenyana kuring téh jelema,” témbal Kaldé. 

“Aéh, kumaha ieu téh. Silaing téh keur méré teteguhan, atawa enya-enya nitah ulah percaya kana tetempoan déwék sorangan?”

Sakadang Kaldé némbalan deui, “Mun téa mah andika rék nganggap kuring wadul, pék téh teuing. Ngan lamun ku kuring didongéngkeun satarabasna, ku andika tangtu bakal kaharti.”

“Cing pék dongéngkeun!” ceuk Jénghis Khan bangun panasaran pisan.

Barabat éta Kaldé ngadongéng, “Baheula mah kuring téh jelema. Prah baé jeung nu séjén, taya nu anéh. Maca surat kabar jeung majalah, ngadéngékeun warta berita, lalajo rupa-rupa siaran telepisi. Tapi saterusna bet aya ras hayang ngamangpaatkeun kapinteran keur kauntungan pribadi, boh anu sipatna harta banda boh kalungguhan. Antukna kapaksa diajar dédépéan bari ngorondang. Lawas pisan kuring leumpang ngorondang téh, demi bisa ngahontal pangaruh, kalungguhan, kakawasaan, katut kabeungharan. Tapi, ku lantaran anu leumpang ngorondang téh sakitu noyékna, kuring kaéléhkeun. Antukna kuring robah wujud jadi kaldé sakumaha anu katempo ku andika ayeuna.”

Jénghis Khan bari angger panasaran nanya deui, “Ari éta ceuli andika, kumaha bisana bet rebing mébér kawas kitu?”

“Ku lantaran remen teuing dipaké ngadéngékeun rupa-rupa dawuhan jeung timbalan, bari létah sorangan mah teu kungsi dipaké nyaritakeun bebeneran,” témbal Kaldé deui.

“Ajaib pisan, euy! Lamun déwék mulang ka karaton, déwék bakal nitah menteri déwék pikeun nuliskeun éta pangalaman silaing, supaya jadi eunteung keur nu séjén,” omong Jénghis Khan. Poho baé lamun saenyana harita téh manéhna keur nyamur jadi jalma miskin.

“Hah, andika anu rangkedut teu matut kitu boga karaton?!” omong Kaldé.

“Lain waé boga karaton, alam dunya gé nya déwék pisan anu ngarajaanana. Déwék téh Jénghis Khan téa! Maenya silaing can kungsi ngadéngé ngaran déwék?”

“Teu, teu percaya. Najan andika hatam kabéh kitab suci anu aya di ieu alam dunya, kuring moal percaya kana omongan andika.”

“Naha bet teu percaya?” 

“Saupama enya andika téh Jénghis Khan, keur naon kariweuh-riweuh nuliskeun pangalaman kuring supaya jadi eunteung keur nu séjén, padahal raja mah leuwih resep ka jalma anu leumpangna ngorondang ti batan ka jalma anu wani nyarita bener.”

“Enyaan, pinter geuning silaing téh! Pantes pisan mun jadi menteri déwék!”

“Tah, ayeuna mah kuring percaya lamun andika téh enya-enya Jénghis Khan.”

“Naon sababna?”

“Lantaran kawilang wajar Jénghis Khan mah lebah ngangkat menteri téh bakal milih jelema anu geus salin jinis jadi kaldé.”

Pudigdig Jénghis Khan ambek. Gorowok ka lalaki anu keur nyekel popongkol. Sorana handaruan ngageleger, “Lamun beuheung silaing hayang salamet, gebugan deui éta kaldé nepi ka modar!” 

Ku lantaran sieun, habek-habek kaldé téh digebugan deui, leuwih merekpek batan mimiti. Ari Jénghis Khan ngabéngbéos ka karatonna. Dadak sakala rasa kesel kaluman anu nyaliara téh leungit, diganti ku amarah anu tan wates wangen. Jénghis Khan nitah supaya panonpoé geuwat surup. Panonpoé pias, geuwat tuturubun nyumput. Jénghis Khan ogé maréntahkeun ka sakabéh jalma anu boga kaldé sangkan ngagebugan kaldé kukutanana.

Ti saprak harita, sakabéh kaldé ngalaman lara sangsara anu taya tungtungna.


Posting Komentar

0 Komentar