Monolog Isuk - Sajak-Sajak Arif Abdilah

 

Rebun-Rebun. AI Image.



MONOLOG ISUK

wilujeng énjing, hujan
bet salira langlayeuseun
ngalengis nurihan lelebna buruan 
dina palipis méga 
salira teu weléh ngintip katiga 
nu baris nyaatan waruga

unggal rintakan 
salira nitipkeun karémpan
kana cileuncang nu nguyumbang
kana kolombéran-kolombéran 
jeung walungan-walungan
nu micangcam halodo panjang 

salira tangtu apal
katiga téh bakal nganjang
sabada salira reureuh 
ngucuran lemah bayeungyang

tapi boa salira teu kungsi apal
di dieu kami haben nyusutan cimata 
waktu nyaksian imah ajur
kabawa caah. waktu urug 
ngagusur lemah pangauban

boa, salira ogé teu kungsi apal
rérés usum hujan, katiga téh ngincer
pasawahan, laju melak kapeurih
kana pepelakan.  

kalan-kalan, kami ogé barebut du’a
antara hujan anu kudu datang
atawa halodo nu kudu ngetrok 
dada nu gudawang

kami kalah liwung
di antara dua usum

2018




 
JAYAGIRI
: Franz Junghuhn

di Jayagiri, nyusur raratan salira 
lir ngalukis lembur dina halimun, taya tapakna 
kitu deui ngaran salira ukur natrat dina padung 
jeung tugu obélisk nu ngabedega, maturan waktu

perkara lalampahan salira di kebon kina
ukur jadi carita kulawu, nu ngalumbruk
dina gundukan ingetan 
taya nu nineung kana ringkangna
atawa sakadar ngawur kembang 
luhureun pajaratan

di Jayagiri, niténan lalampahan salira 
teu bina jeung baheula,
sepi salawasna nyalingker unggal 
lampar léngkah salira
nu tilem dina hunyudan mangsa

2018 





ODE KEUR LEMBUR

di Lémbang 
taya warta nu leuwih ngungun
batan ruruntuk lembur 
nu saab jadi kekebul
batan lemah pangbalikan 
nu lebuh dikeueum umur

kuring ukur melak ingetan 
dina dapuran waktu atawa 
sakadar ngagambar jirim salira 
dina halimun Lémbang
sangkan kakangen baal 
dina embun-embunan

harita kuring terus ngipuk 
kalangkang salira
sugan raratanana ngarayap 
kana jemplingna impénan
: ulin langlayangan di tegalan, 
tuturubun di walungan,
atawa sakadar tetebakan 
ngaran-ngaran patempatan

—tapi patempatan 
sirna di buruan sorangan

di lembur 
ingetan urang di kubur
dina handapeun jalan panjang 
nu ngampar di pasawahan
dina langlaung sora pabrik 
nu ngalun jadi musik

di Lémbang 
ingetan ngeunaan lembur 
mimiti leyur

2018
 




TEMBANG MASKUMAMBANG

manéhna nembang maskumambang 
dipirig rintakan hujan jeung késétan kamelang
harita, angin reureuh. peuting ngudar jemplang
dina langit nu jempling

manéhna laju ngundeur deui sepi 
nu renung dina ingetan 
nyipta-nyipta kakangen jeung katineung
ngeunaan lalakon nu anggang jeung kahayang
ngeunaan lalampahan nu baris disorang

di luar
manéhna masih nembang maskumambang
reujeung abringan kamelang nu sésélékét kana 
embun-embunan

2018






ARIF ABDILAH, lahir di Majalengka taun 1989. Alumni Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah UPI Bandung. Keur kuliah kungsi jadi Ketua UKM ASAS jeung Turus. Nulis sajak jeung carpon, dimuat dina majalah Cupumanik, Manglé, Pikiran Rakyat, jeung Tribun Jabar. Buku kumpulan sajakna Hujan di Pajaratan (2020). Ayeuna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN 1 Bandung. Sapopoéna ku babaturanana sok digeroan Ayih.


Posting Komentar

0 Komentar