![]() |
| Lembur. AI Image. |
Kang, kudu ka mana deui léngkah téh anjogna? Sabada urang lana kasarung saparat lulurung nasib nu taya tungtung. Sabada lawas sakaparan-paran dina ngembatna karémpan. Sabada harepan nungtutan sirna sapanjang lalampahan.
Taya hartina urang lunta ti dayeuh ka dayeuh. Ti setasion ka terminal. Ti émpér toko ka kolong jambatan. Ti bédéng ka gowok kontrakan. Sedengkeun kamelang jeung karingrang beuki lantip ngukuntit usik. Taun-taun nu geus kalarung lain lalakon sakedapan pikeun nyamunikeun raratan. Rida geus kaliasan kayakinan pikeun nyumputkeun kalangkang.
Di dieu, dina keumeuh gowok kontrakan. Dina heureut jeung rupekna pangsaréan. Di dayeuh nu teuing pikeun ka sabaraha kalina urang reureuh. Geuning sadrah lain hiji-hijina jalan pikeun terus lumampah. Geus wegah mun léngkah kudu terus sumerah. Bongan Akang kapan lana mulasara kapeurih, hayang mulangkeun kanyeri. Males katugenah ka Bapa—kolot Rida—ku cara ngiwat ieu raga.
Saenyana saha nu geus biluk jeung Kuwu Soléh nyangka Bapa licik dina pilkadés? Saha nu geus ngaharéwosan ceuli balaréa sangkan biluk gugujrudan nolak pangawangunan di lembur? Saha nu geus nuduh jeung ngalaporkeun Bapa ka pulisi lantaran dianggap ngaborahkeun tanah carik? Saha nu geus mirucaan turta jadi ulon-ulon pacéngkadan sangkan urang lembur ngaruksak Balé Desa? Éstu curuk balaréa téh nunjuk ka Abah—kolot Akang—nu tétéla jadi usung-ésangna. Ngaliarkeun taleus ateul.
Bebeneran moal pahili, Kang. Najan ku cara kumaha baé dipitenah, tétéla Bapa nu salametna. Sagala rupa nu dituduhkeun geuning teu ngabukti. Pamustunganana, malah balaréa nu ahirna malik ceuceub ka Abah. Teu euih-euih sakitu kungsi saminggu diobag. Horéng salila ieu Abah ogé nu geus melak-melakkeun werejit ka balaréa. Réa nu gering isuk paéh soré. Adug songkol peuting, beurang tuluy ngabugang.
Lain ukur sisiwo éta téh, Kang. Kabuktian waktu Abah didatangan ku balaréa ka kebon tonggoh. Di jero saung kapan sakitu pereték ku parabot paranti ngawerejit. Paranti neluh sakur jalma nu dianggap ngabéla Bapa. Rupaning keris, péso, jeung pakarang séjénna nyarelap dina bilik. Kitu deui sasajén sapuratina nyampak ngagelar luhur palupuh.
Abah geuning teu bisa majar kumaha. Najan réwuan kali mungkir tina panuduh balaréa. Najan réwuan kali ampun-ampunan bari keukeuh teu ngaku. Tapi taya nu bisa dikilungan tina kanyataan. Sabulan saméméh Rida dirérémokeun tumibana éta kajadian rajapati téh. Abah pada ngaraponan, tuluy diduruk hirup-hirup ku urang lembur.
Akang harita nyeungceurikan layon Abah nu geus géhéng. Ceurik kanyenyerian hareupeun saung nu rénghék kari ruruntuk. Teu eureun gogorowokan nyupata sakabéh urang lembur. Akang pada ngarejengan jeung pada ngupahan. Rida harita teu bisa kukumaha, ukur werat sumegruk bari neger-neger karep. Hayang mah nangkeup Akang, meper jeung ngalelerkeun. Tapi Akang tangtu apal sorangan, tada teuing Bapa bakal nyaram jeung ngambekna.
Ayeuna mah teu kudu tuluy ngahuru napsu, Kang. Sakabéh kajadian geus jadi silalatu. Layon Abah sawadina jadi tumbal kaceuceub balaréa. Jadi tandon pikeun naon-naon nu geus ditibankeun ka balaréa. Anggur mah geura tarimakeun kanyataan. Éta kajadian téh geus lawas kudu dikubur. Bareng jeung layon Ema—indung Akang—nu dua minggu ti harita tilar kaleleban.
Kitu ogé lalakon urang, sawadina pileumpangan téh geus teu bisa sawirahma deui. Urang kudu milih jalan hirup séwang-séwangan. Kadongdora ngeukeuhan asih bihari. Kiwari ieu kasatiaan nungtutan leupas. Kasatiaan téh kapan teu kudu tuluy dipupusti, tapi kudu cindek dina dua pilihan; ieu lalakon moal reuntas-reuntas, atawa mending buru-buru dipungkas. Rumasa Rida geus ngudar pasini nu kungsi dicangreudkeun ku urang duaan.
Rida geus aral subaha. Teu hayang salilana boga salaki andar-andar, nguriling ngadogér, atawa mulungan runtah. Hayang sotéh boga salaki nu beunta, boga pakasaban nu diajén batur. Kilangbara jadi lalaki nu wedel kateuneung, ieu mah kalah salilana ditalikung keueung. Nya Rida jeung si Ujang nu salilana jadi korban.
Kasatuhuan téh keur Rida mah ukur impian riwan, bari rasa urang salawasna pada-pada kasiksa. Teu daya diudag-udag dosa. Ieu léngkah terus kasarad, sasab ka unggal dayeuh. Daék diajak nyangsara bari dikukuntit kakeueung. Daék dibawa lunta jauh ngeukeuhan duriat jeung lalaki nu geus ngiwat.
Kasabaran téh aya watesna. Kasatuhuan téh aya tungtungna. Upama salilana hirup dina kanalangsaan jeung kamalaratan kawas kieu, naon bayana pikeun hojah. Lila-lila mah rasa téh banal. Ahirna diri kabongroy, ngarumat geter séjén jeung manéhna—manéhna nu rék jangji nepungkeun deui ieu raga ka baligeusan. Nepungkeun deui kasono ka kulawarga nu lawas ditilar.
Kahayang mah balaka perkara nu keur disorang. Orokaya Rida teu wasa mun kudu wakca. Sageuy mun haté Akang teu rajét. Rék rencep baé disidem. Keun baé ieu rusiah sina buni turta rikip dirumat. Susuganan jadi ubar kamarudah jeung kaguligah. Kapan marungkawut téh sok puyar lamun datang manéhna.
Kawas poé ayeuna jeung poé-poé saméméhna. Sabada Akang indit jeung si Ujang, manéhna rerencepan nepungan deui ka kontrakan. Rébo ku babawaan, bari teu poho ngeupeulan duit. Bélana ngaleuwihan Akang, nu salila ieu teu kungsi nyubadanan kahayang. Teu kungsi nyugemakeun lahir jeung batin.
“Isuk hayang dipangmeulikeun naon deui ku Kaka? Teu kudu haben buburuh nyeuseuh. Teu kudu haben mulungan jeung ngumpul-ngumpul runtah. Teu kudu ménta pangupa jiwa ka salaki. Da euweuh andelkeuneun lalaki modél kitu mah. Aya pangabutuh mah geura pok wé ka Kaka,” sora manéhna, sora nu angger haroshos. Sora nu angger ngademit kana batin. Nu terus maturan saban rénghap jeung harepan. Nyilih sora maneuh Akang, ngajak lésot tina rasa jeung kanyaah.
“Sing percaya, Kaka moal lanca-linci. Sagalana urang paheutkeun,” hégak manéhna, hégak nu angger kerep. Hégak nu angger ngarangsadan pamadegan. Nu terus ngagulanggapér sakujur awak. Nyilih hégak maneuh Akang, ngajak udar tina geugeut jeung katineung.
“Mun geus nepi kana waktuna, Rida jeung si Ujang rék dibawa indit ti dieu. Si Ujang rék disakolakeun, moal sina ngiclik waé baramaén. Urang bakal imah-imah,” leungeun manéhna, leungeun nu angger pageuh. Leungeun nu angger meulitkeun kayakin. Nu terus nyangreudkeun deudeuh. Nyilih keukeup maneuh Akang, ngajak lésot tina angen jeung kakangen.
Aya nu terus motah, beuki motah. Beurang terus nguyumbang dina lulumbruk pakéan. Késang terus gumarajag tina awak duaan. Boa di dieu kasatiaan téh ngancikna. Boa di dieu kasatuhuan téh nyangkarukna. Kalangkang sarakan, kalangkang kolot jeung baraya, bet samar-samar gugupay ngajak mulang.
Kang, lalakon urang kudu kumaha nya munggelna?
**
Rida, kudu ka mana deui léngkah téh kebatna? Sanggeus urang lana kalangsu leungiteun sarakan jeung pangjugjugan. Sanggeus sasab néangan imah jeung satampah lemah. Sanggeus sasar nyungsi buruan pangauban jeung panto pangbalikan.
Di dieu, di parapatan pamaneuhan pangimpungan séwu bangbaluh, saniskara lampah horéng ukur nungtung dina rumahuh. Lalakon téh tuluy dipindo tina pangwelas, nu haat numbukeun hirup kana sadrahna tumamprak. Wungkul nganti dipikarunya, nu susuganan nguluran umur. Saban garajag késang, saban ngadogér maratkeun beurang.
Akang rumasa geus nyangsara anjeun jeung si Ujang. Rumasa tacan bisa méré kamarasan. Kalah salilana urang dibibira karémpan jeung kamelang. Teu nyangka deuih sacongo buuk, mun ringkang maranéhna bangun teu suda-suda nuturkeun. Teu reureuh ngukuntit ti dayeuh ka dayeuh. Pamustunganana, teuing pikeun ka sabaraha kalina urang kudu lunta ti tempat ka tempat. Teu puguh dumuk geusan nyiruruk.
Rida, rumasa Akang harita ngagugu napsu. Hayang mulangkeun kanyeri. Kapeurih kudu ditebus deui ku kapeurih. Hutang pati kudu dibayar deui ku pati. Hayang nebus layon Abah nu diduruk hirup-hirup. Hayang maténi Kuwu Sukatma—bapa anjeun—nu sakongkol jeung mandor-mandor proyék nyieun pitenah jeung réka perdaya.
Bapa anjeun téh ijidna nataku ka Abah. Nyatru. Ngabarérang ka Akang, pédah urang hahadéan. Najan pada-pada beurat ku duriat, kapaksa harita urang kudu pegat. Pangpangna mah nyingkahan mamala nu bakal tumiba ka Abah.
Kapan lain sakali dua kali bapa anjeun jeung badégana nyilakakeun Abah téh. Ngan baé Abah mah lébér wawanén. Malah malik ngalawan. Ngalaporkeun kalakuan nirca bapa anjeun ka pulisi. Tapi da puguh pacikrak ngalawan merak, orokaya Abah nu kasoran. Bapa anjeun mah teu busik buuk salambar. Kalah leuwih réa nu simpati, pada ngaugung-ugung. Panon urang lembur geus disilokeun ku rupaning panyocok jeung pangbibita.
Kituna mah pantes mun Abah remen dikakalakeun téh. Da puguh Abah apal ti Kuwu Soléh ngeunaan sakabéh rusiah bapa anjeun. Angot kapan Abah téh jalma kapercayaan Kuwu Soléh. Bapa anjeun luas ngahalalkeun sagala rupa cara. Ti mimiti Kuwu Soléh dilicikan dina Pilkadés sangkan teu kapilih deui, ku cara dipitenah yén Kuwu Soléh cenah mindeng ngalakukeun nu teu uni jeung ungkluk. Angot nepi ka dituding ngadahar duit anggaran désa jeung bantuan keur masarakat miskin. Antukna Kuwu Soléh dipikacua sarta rumah tanggana tuluy runtag.
Lian ti éta, bapa anjeun remen ngawur-ngawur duit sangkan dipilih. Ari duitna horéng dimodalan ku pengembang nu rék ngawangun perumahan élit. Ari geus jeneng jadi kuwu, kalah ngagasab jeung ngajual tanah carik nu sakitu legana ka pengembang. Sedengkeun tanah carik téh keur karéréaan urang lembur mah dimangpaatkeun jadi lahan garapan tatanén. Minangka andelan hirup nu hasilna keur pangupa jiwa jeung kas désa. Tanah karuhun nu kudu dipupusti keur karaharjaan balaréa. Ieu mah kalah diruksak, disaeur, dirarata, dijadikeun wangunan. Sanggeus meunang batina, mutuh dipaké curak-curak. Tayohna beuki kanyahoan deuih ku balaréa, horéng bapa anjeun nu saenyana resep ka ungkluk téh.
Malah dina émprona mah lain baé tanah carik nu diborahkeun téh, sawah jeung kebon masarakat ogé—kaasup kebon Abah—diolo sangkan dijual bari dibeulina murah. Saha baé nu baha atawa nolak tanahna dijual, tuluy baé diancam jeung dikakalakeun. Teu cukup nepi ka dinya, malah réa anak parawan nu disébakeun ka mandor-mandor. Urang lembur haben dibobodo bakal digawékeun di proyék perumahan, dijangjikeun bakal walatra hirupna, horéng ukur lalambé. Nu puguh mah ngalaligeuh baé, bari tanahna geus béak dijual.
Abah nu wani ngalawan sarta nolak tanahna kudu dijual téh. Ngan teu bisa majar kumaha. Sanggeus harita Abah laporan ka pulisi, temahna kalah malik dipitenah. Abah majar jadi ulon-ulon nu ngabringkeun urang lembur ngaruksak Balé Désa, ngadémo Kuwu Sukatma. Padahal nu darémo téh miang tina kasadaranana sorangan. Unjuk rasa nembrakkeun kateupanujuna jeung nungtut kaadilan. Tapi geuning kalah Abah nu digiringkeun ka pulisi, dikerem salila saminggu. Ari balik bati eumeur jeung barengep tapak digebugan.
Tuduhan masarakat deuih bet kalah jadi béda. Nyangka Abah téh oknum, usung-ésang anti pamaréntah, anti pangwangunan, anti kamekaran jaman, jeung tuduhan-tuduhan séjénna. Abah jadi peneumbleuhan, dipikaceuceub ku balaréa.
Panungtungan, sanggeus Abah tetep nolak ngajual tanahna, bet datang deui pitenah nu leuwih telenges. Disangka dukun teluh nu purah ngawerejit. Sakabéh simpatisan bapa anjeun nu majar gering tuluy tilar, cenah éta téh hasil panggawé Abah. Pohara telengesna éta pitenah téh. Abah teu manggap pulia kawas sato boroan. Taya rasrasan. Diraponan, disiksa, jeung diduruk hirup-hirup di saung kebon tonggoh.
Harita Akang aya nu nyusulan ka imah, mermanakeun kajadian. Tagiwur. Ketir. Asa teu napak, Akang lumpat teu nolih nanaon, ngajugjug kebon tonggoh. Kasampak Abah geus géhéng dina ruruntuk saung nu tutung dibeuleum. Akang taya tangan pangawasa. Ngudupruk sapisan. Jalma-jalma beuki ngagimbung. Tapi taya saurang ogé nu haat nulungan Abah.
Teu kaampeuh nahan kasedih, kaambek, jeung kaceuceub. Akang tuluy gogorowokan nyupata sakabéh urang lembur. Ngamuk mudalkeun amarah jeung katugenah. Teu leler najan pada meper jeung pada ngarejengan. Rida, anjeun ogé harita kapan nyaksian kumaha rangsakna haté Akang. Katurug katutuh ku tilarna Ema dua minggu ti harita lantaran kaleleban. Katambah deuih sabulan ti harita, anjeun dijodokeun ka si Japar—mandor nu sailon jeung bapa anjeun.
Akang maluruh saha nu jadi bibit rurujit indung rurusuhna. Geuning teu nyalahan, nya bapa anjeun nu ngararancang sakabéh kajadian rajapati. Ti mimiti nundaan rupaning pakarang, rupaning parabot paranti ngawerejit, jeung rupaning sasajén di saung kebon tonggoh. Tuluy nitah badégana pikeun ngaliarkeun béja yén Abah téh dukun teluh. Sanggeus kitu, harita Akang gilig rék balitungan.
Najan ieu kanyeri tacan cupar sakabéhna, tapi sanggeus ngajak anjeun lunta jauh ti lembur, geuning kalah Akang nu wowotan dina kateudayaan. Anjeun jeung si Ujang nu nanggung sangsara jeung balangsak. Hirup wuwuh teu menyat-menyat. Kitu deui anjeun milu ripuh, kudu mulungan runtah atawa buburuh nyeuseuh ti imah ka imah.
“Apa, lampu beureum!” sora si Ujang ngagebah lamunan.
Reg kandaraan areureun hareupeun. Rikat leungeun nakol dogdog jeung kecrék. Lung kekedokan jeung papayungan ka si Omén.
“Omén mau ke pasar!” si Ujang jigrah, si Omén mijah.
Lung deui gigitaran jeung momotoran.
“Omén raja dangdut!” si Ujang beuki jigrah, bari pageuh nyekel ranté nu manteng kana beuheung si Omén.
Teu lila, lang-lung duit récéh jeung keretas. Si ujang pahibut mulungan. Lung deui sasajadahan jeung kopéah leutik.
“Omén mau solat!” si Omén mijah. Cong solat. Nu ngalungan beuki réa. Dogdog jeung kecrék beuki bedas ditakol.
Bray lampu héjo. Si Omén dikenyang ranténa sina nyisi. Si Ujang andekak gigireun kecrék, tuluy ngilikan beubeunangan dina pelastik pangundangan. Si Omén naleukeum kana dogdog. Lalakon maneuh, lalakon nu salilana dipintonkeun. Mun taya si Omén, boa hégak téh tuluy kandeg. Najan ukur monyét séwaan nu iraha baé bisa pindah dunungan, saéstuna sarua jadi batur ludeung. Kawantu sarua pada-pada ditalikung panyangcang.
Rida, kitu ogé lalakon urang. Lana aya dina raranteng ranté nasib nu ngagusur léngkah teu parat-parat. Kalangsu sarta kapahung, teu timu pangjugjugan nu saéstu. Tapi anjeun mah teu aral subaha, najan tumuluy dipergasa rasa. Sabalikna, anjeun nu salawasna netegkeun haté Akang.
“Tong salempang, Kang. Rida bakal satia marengan,” halon sora anjeun, nu maneuh nengtremkeun batin. Nyilih sumerah sangkan sawirahma lumampah.
Rida, tapi ringkang maranéhna teu reureuh-reureuh ngalangkangan. Ringkang maranéhna nu piligenti narémbongan ti setasion ka terminal. Ti émpér toko ka kolong jambatan. Ti bédéng ka gowok kontrakan. Ringkang maranéhna nu ngabeberik saban ngancik.
Ari urang beuki teu apal kudu ka mana deui atuh nilemkeun raratan. Taun-taun nu kasorang teu cukup pikeun nyaremkeun kalangkang. Badéga-badéga bapa anjeun kawas aya di unggal tempat. Ngukuntit ngalangkangan. Kawas poé kamari, bet ujug-ujug si Japar ngolébat deui di halteu beus. Nyérangkeun dina motor, tuluy ngiles teuing ka mana. Boa ukur rarasaan, ukur ciciptaan baé. Sidik teu dipiceun sasieur kana dedeganana. Tapi maenya masih kénéh hirup. Mun téa éta jurig bungkeuleukanana, asa teu reureuh-reureuh ngaririwaan.
“Apa, lampu beureum!” si Ujang jigrah deui, si Omén mijah deui.
Dogdog jeung kecrék ngaweuhan deui. Tapi di peuntaseun jalan, katangén aya nu ngabedega gigireun motor. Tangtungan si Japar deui. Nyérangkeun. Olohok sajongjongan, tuluy rikat mérénan parabot ngadogér. Jung nangtung bari ngajéwang si Ujang jeung si Omén. Ngejat rurusuhan. Sanggeus rada anggang, reg kandeg sakedapan. Panasaran ngalieuk ka tukang. Nu ngabedega téh geus ngiles.
Rida, léngkah urang kudu ka mana deui tujulna?
**

0 Komentar