Moro Bagong (Bagéan 1) - Tatang Sumarsono

"Boar Hunt" kénging Frans Snyder (1579-1657).


RAMÉ euyah-euyahan, kitu ilaharna mun keur moro bagong mah. Sabalikna ti ngala papatong anu kudu bari rerencepan, teu meunang pisan gareuwah. Anu disebut moro di dieu, maksudna téh ngabeberik bagong, istilahna ngabeledig.

Sajaba ti dibeberik, ngala bagong téh aya sababaraha cara séjénna. Di antarana aya anu disebut ngabelor, mitapak, ngajiret, jeung ngagedég. Prak-prakan jeung pakakas anu digunakeunana tangtu béda-béda. Dina ieu tulisan, anu rxk dipedar moro bagong ku cara dibeledig. Geura urang mimitian.


MUN rék ngabeledig bagong, sarat utamana téh kudu aya anjing. Teu sambarangan, sabab kudu anjing anu geus meunang ngalatih; ilaharna disebut anjing pamoroan. Di urang mah, anu ilahar alus dipaké moro téh jenis anjing kampung, lain anjing ras.

Unggulna anjing kampung téh dina lebah kakuatan napasna, sabab mampuh ngabeberik udagan meuntasan dua-tilu pasir. Ari anjing ras, anu ayeuna sok dipaké dina ngadu bagong, pangpangna jenis pitbull, bull-terier, rotwiler, bokser, labrador, atawa hérder, enya ari lebah kawanina mah unggul, jaba tanagana bedas, huntu jeung sihungna galedé tur paranjang, tapi ana dibawa apruk-aprukan di leuweung mah, sina kukurusukan dina ruyuk, sok gancang béak napas. Bisa jagjag deui téh mun gancang-gancang manggih cai. Ari kasebutna moro di pasir atawa di gunung, biasana mah langka aya susukan, atawa cai nyangkrung, komo lamun keur usum halodo mah. Éta pangna anjing ras anu ditataan bieu mah katémbong alusna téh mun di pangaduan (diadukeun dina kalang, anu cék istilah umum mah disebutna ngadu bagong), sabab ludeung ngagapruk najan hiji lawan hiji. Kitu téh bari tara épés méér deuih. Najan awakna geus dewang, tapi anjing ras mah jarang mundur. Ana diadukeun jeung bagong téh teu béda ti puyuh keur diadu, ramé papuket, kajeun teuing bari kekerebekan dina cai. Tah, anjing kampung mah kawani jeung kakuatanana henteu tepi ka kitu. Dina kabeneran ayana gé, kacida langkana.

Teu kabéh anjing kampung bisa dipaké moro, sabab pikeun kaperluan éta mah kudu dilatih sacara husus. Alus-goréngna anjing pamoroan téh ditangtukeun ku rupa-rupa faktor. Tukang moro atawa pamatang mah ilaharna geus apal, mana anjing anu alus dipaké moro, jeung mana anu kedul. Cukup ku nénjo potongan atawa tagogna.


KAHIJI, anu nangtukeun kualitas anjing pamoroan téh turunan. Maksudna, kudu turunan anjing pamoroan deui, atawa aya terah ti luhurna. Kadua, kudu diténjo tina ciri-ciri fisikna. Ulesna kudu hadé; pantes dangongna. Buntutna henteu ngaringkel atawa ngagolong, tapi kudu anu mecut, bari tungtung buntut téh rada ngatuhu dina ampir tepungna kana tonggong. Lian ti éta, tungtung buntut téh ulah kaselapan warna séjén; upamana waé anjing hideung, tapi lebah tungtung buntutna aya warna bodas (disebutna unyay). Lamun kaselapan warna séjén, éta tungtung buntut téh sok ngahaja diteukteuk.

Teu kungsi kapaluruh, naha sual warna buntut téh bisa “dipertanggung-jawabkeun”, atawa ukur diténjo tina kapantesan wungkul. Tapi, ari lebah buntut anu ngaringkel mah mémang bisa kaharti, sabab mungkin waé matak ngagagokan dina keur asup kana ruyuk, lantaran tikakarait; béda jeung anu buntutna mecut.

Kitu deui mun anjing euweuh buntutan (buntung), dianggapna ku tukang moro mah euweuh duriatan. Najan hadé ules, bari potongan awakna saimbang, tapi lamun buntutna buntung mah asa kurang pantes katénjona. Dina keur mengpengan lumpat, fungsi buntut téh saenyana pikeun ngajaga kasaimbangan awak. Lamun anjing euweuh buntutan, kasaimbanganana kurang alus.

Ramo-ramo anjing pamoroan mah alusna ulah anu manjang atawa mébér, tapi kudu anu semu meureup, nandakeun lumpatna tarik. Ceulina ulah rubak teuing, alusna mah anu semu ngadaun hiris. Lamun ceulina rubak, biasana sok babari garetihan, dina keur kukurusukan dina ruyuk atawa tempat anu rembet, lantaran tikakarait. Potongan ceuli anjing téh aya anu capang (mébér ka gigir), aya anu semu nangtung siga ceuli kuda, aya anu koplok (nilep), jeung aya anu catok (nilep saeutik lebah tungtungna). Tah, anjing keur moro mah alusna anu ceulina semu nangtung, atawa anu catok. Éta anu dianggap hadé ulesna.

Hal séjén anu sok jadi perhatian tukang moro nyaéta létah. Anu dianggap alus téh anjing anu dina létahna aya warna hideungan; bakal leuih alus mun sagemblengna hideung. Hal ieu ogé teu kungsi kapaluruh naon sababna. Ngan nu jelas, mun dina hiji rombongan aya opat anjing pamoroan anu geus asup kelas, bisa dipastikeun tilu di antarana, mun teu rék kabéh ogé, letahna aya hideungan.

Ciri fisik séjénna anu dianggap alus nyaéta anu dadana rubak (nandakeun bedas tanagana), bangusna ulah nyonyos (tapi kudu semu rubak), jeung sihungna ulah aya nu punglak (ngarah ngégélna pageuh).

Ayeuna ngeunaan bulu, anu ilaharna anjing kampung mah tara jabrig, tapi semu dempes. Najan kitu, lamun disidik-sidik ku anu geus nyaho mah, saenyana aya bédana éta téh. Aya anjing anu buluna lemes, jeung aya deuih anu semu kasar (baradag). Terus deuih aya anu katémbongna téh bangun baseuh, jeung aya anu garing. Anjing pamoroan anu kaasup hadé ulesna nyaéta anu buluna lemes bari garing.

Terus deuih dina warnana; anjing kampung téh buluna rupa-rupa. Aya anu disebut hideung, beureum (kawas warna bulu mencek atawa kidang), bodas, hawuk, belang tambaga atawa tablo (bodas jeung beureum), belang batu (bodas jeung hideung), belang macan, bulu pisitan (semu konéng), hénca (semu konéng ngan ngan rada deukeut ka beureum), katuncar mawur atawa baracak (bodas totol-totol hideung ngan ukuranana leutik, kira-kira sagedé katuncar, biasana mah dina lebah cokorna), tumang (bulu awakna hideung, tapi lebah halisna aya konéngan, malah biasana beuteungna gé konéng), jeung panggangan tutung (ti tungtung bangus tepi ka tungtung buntut hideung meles, tapi ari awakna mah teu pati hideung). Aya deuih anjing anu warna bulu awakna lain hideung (bulu pisitan, beureum, atawa bodas, upamana), tapi bangusna hideung; disebutna porong.

Ilaharna, warna bulu anu dianggap alus jeung sok dipikabogoh ku tukang moro mah bulu pisitan, belang tambaga, atawa belang batu. Ngan waé ari sual warna bulu mah teu pati jadi patokan.

Dina méré ngaran ogé sok loba anu dumasar kana warna buluna atawa kana kaayaan fisikna; Si Kapuk (mun warnana bodas), Si Lutung atawa Si Kalong (hideung), Si Kidang (beureum), Si Tumang, Si Képlék (ceulina koplok), Si Pecut (buntutna leutik ngajepret), Si Porong, Si Macan, Si Buntung, atawa Si Tambal (buluna bodas aya hideungan, siga meunang nambal). Lian ti éta, aya deuih anu méré ngaran dumasar kana hiji barang anu dianggap hébat: Si Pélor, Si Tomson, atawa Si Moris. Ka dieunakeun, sok aya deuih anu méré ngaran dumasar kana hiji hal anu keur populér: Si Unyil (waktu filem Si Unyil keur sohor), Si Bondon (anjingna bikang, anu saenyana langka pisan anjing bikang dipaké moro mah), atawa Si Tison (jaman ramé petinju Mike Tyson).

Aya hiji hal anu unik; sakanyaho kuring, loba pisan anjing pamoroan anu dingaranan Si Koboy. Pédah éta meureun ari koboy téh dianggap hiji personifikasi tina kahirupan jagoan. Aya kalana dina hiji rombongan tukang moro téh aya tilu-opat anjing anu dingaranan Si Koboy. Pikeun ngabédakeunana, éta ngaran anjing téh sok disambungkeun jeung ngaran anu bogana atawa kaayaan fisikna: Koboy Lurah (anu bogana lurah), Koboy Éwok (anu bogana Kang Endang, beungeutna réwok), atawa Koboy Jingkrung (rada pinced). Cacak mun kuring kungsi boga anjing pamoroan dingaranan Si Koboy, kawasna téh disebutna bakal Koboy Jurnalis (lantaran profési kuring jadi wartawan). 


Nyambung ka:

Moro Bagong (Bagéan 2)



BIODATA TATANG SUMARSONO

Posting Komentar

0 Komentar