Moro Bagong (Bagéan 2) - Tatang Sumarsono

"Boar Hunt" kénging Frans Snyder (1579-1657).

BAGONG, sakapeung sok disebut bedul, basa Jawana cé
léng. Di sawatara tempat, aya deuih nu nyebut babi. Padahal, dina basa Sunda lulugu, antara bagong jeung babi teh béda. Bagong istilah Laténna Sus scrofa; ari babi Sus domesticusÉta dua jenis sato téh kaasup kana  genus Sus, familia Suidae.

Heup waé pedaran ilmiahna mah tepi ka dinya, da apan urang mah lain rék medar babagian élmuning biologi. Ieu mah ngan sakadar pikeun némbongkeun yén babi jeung bagong téh béda, najan bisa jadi dianggap teu béda jauh. Ngan nu sidik, ceuk katangtuan dina Islam, duanana gé haram. Moal papanjangan deuih medar bab éta gé, da éta mah hancengan para jumhur lebah nerangkeunana.

Urang cokot gampangna waé, bédana bagong jeung babi téh ngawengku sawatara hal. Bagong kaasup sato jarah (binatang liar), sok disebut sato leuweung deuih. Ari babi mah sato ingu (binatang ternak). Cindekna, babi mah sok dikukut sina baranahan, disuwuk ngarah téréh galedé, anu engkéna jadi komoditi pangan.

Bentukna ogé béda deuih, babi mah buteter (atawa bayuhyuh, kitu?), loba ngandung gajih, anu moal boa dina geus diasakan téh bakal girinyih. Kitu deui kelirna ogé teu sarua. Bagong mah hideung semu hawuk, ari babi ilaharna bodas atawa belang babalégbagan hideung-bodas. Kumaha ari pasipatanana? Jih, nya béda atuh. Babi mah lindeuk, ari bagong sajaba ti giras téh galak deuih. Bisa jadi babi anu turunanana ayeuna aya di urang téh karuhunna mah bawa urang Éropa. Bisa jadi deuih, anu baheula mimiti ngukut babi téh lain urang Sunda. Mun lain urang Walanda, nya meureun bangsa Cina, apan ku maranéhna mah ilahar dikonsumsi.


PIKEUN urang Sunda, bagong teu kaasup sato anu dipikaanéh. Ari sababna, di urang mah apan loba. Lain di pilemburan tangtuna gé, mana komo mun di kota, tapi di leuweung. Sed ti di leuweung, di reuma deuih, atawa di huma atawa di kebon nu sok aya bagong téh. Éta gé sok rajeun aya anu ngulampreng ka pakampungan mah, tapi da terus matuh. Ukur ngadon ngaliwat atawa liar wungkul mun keur barangsiar hakaneun. Biasana bagong téh sok turun ka lembur anu deukeut ka leuweung, atawa ka huma.

Meureun aya nu panasaran kénéh, apan cenah sok aya bagong anu matuh di lembur gé, anu cenah deui waé, éta téh bagong kajajadén lantaran aya nu nyegik? Jih, nya teu apal bagong anu éta mah, da tacan kungsi manggihan. Ukur ceuk béja; yén di urang aya ulikan ngeunaan “élmu” hayang beunghar ku jalan munjung. Tapi kitu ogé baheula, da ayeuna mah geus tara kabéjakeun. Bagong kajajadén téh, cenah, saenyana jalma nu keur minda rupa jadi bagong, pikeun nohonan pasaratan néangan rajakaya ngaliwatan cara-cara nu teu ilahar. Kitu ceuk dongéng. Tapi, wallohualam. Geus ah, tong kapapanjangan nyaritakeun bagong kajajadén, apan urang mah rék nyaritakeun moro bagong.

Pikeun anu maratuh di pasisian atawa di pilemburan anu kahirupan masrakatna ngandelkeun tatanén, bagong téh dianggap hama. Heueuh, lantaran sok ngaruksak pepelakan. Mangkaning dina sakalina ngaranjah téh sok abrul-abrulan. Pepelakan di kebon jadi sasaran bagong. Pelak hui, sampeu, jagong, katut palawija lianna, geus karuhan paré mah, dalah kitri gé tara luput diranjah. Éta pangna dina kahirupan masarakat, bagong téh nempatan posisi musuh nu kudu ditumpes. Heueuh, lantaran ngaruksak téa. Kebon jeung sawah diranjah, tepi ka patani karoroncodan. Pepelakan meunang miara tekal-tekil, dina pamustunganana béak digalaksak.

Bagong kaasup sato anu ngabubuhan. Dina saabrulan téh sakapeung sok tepi ka ngawelas. Éta pangna dina sakalina ngaranjah téh pepelakan nu aya di kebon tepi ka ledis, tepi ka teu kapuluk, da datangna bari mawa anggota kulawargana. Sajaba ti dihakanan, pepelakan téh ruksak digaley, taneuhna disungkuran. Mangkaning ngaranjahna téh peuting-peuting. Anu matak, kebon anu sok jadi langganan bagong mah wayahna kudu ditungguan bari haben dironda. Mun teu kitu, wayahna kudu dipager tohaga. Da mun teu kitu mah patani alamat ngalamot curuk dina datangna usum panén téh.

Naha aya bagong anu nyorangan? Aya éta gé. Geuning, naha pédah wanian? Jih, jigana lain pédah wanian-wanian teuing, tapi ku sabab geus misah ti kelompokna. Biasana mah bagong anu geus kolot, jeung jaluna deuih. Bagong anu nyorangan disebutna bagong nunggal. Beu, gedé awakna gé, gagadungan, sihungna nyengklik, jeung biasana buluna geus semu hawuk, alatan ku kakolotan. Anu dimaksud gagadungan téh lintuh pisan. Lian ti éta, dina beungeutna sok aya nu menyendul jiga kutil, lobana tilu, gedéna kira-kira sarua jeung bal ténes,  dina lebah juru caréham di sahandapeun mata, jeung dina bangusna. Bagong anu aya kutilan, sihungna nyengklik, jeung awakna gagadungan, geus pasti éta téh jaluna.

Bagong jalu leuwih gedé batan bikangna, leuwih bedas, jeung tangtu waé leuwih galak, najan bagong bikang gé sarua galakna ari keur anakan mah. Kétang, ulah bon bagong, ari keur anakan mah hayam bikang gé apan sok ngabintih. Kitu deui anjing nu keur anakan, galakna sok béda ti sasari. Kétang, kuda gé sarua kitu.

Gedéna bagong teu sarua, gumantung kana habitat atawa tempat matuhna, naha daérahna kaitung subur atawa angar. Kondisi subur jeung angar téh nangtukeun jenis jeung lobana hakaneun. Kahakanan bagong téh di antarana cacing, minangka sumber protéin. Tah, dina lahan anu riduh mah cacing téh loba. Éta pangna bagong anu aya di daérah subur mah leuwih galedé. Bagong nu geus kaasup kolom déwasa beurat awakna bisa leuwih ti sakintal, jeung jangkungna lamun diukur tepi ka luhur punduk kira-kira saméteran. Ari anu matuhna di daérah angar mah, leuwih leutik ti éta.

Bagong anu geus nunggal, ukuran awakna kira-kira sagedé lisung, atawa dreum karbit atuh. Panjang awakna, mun diukur ti tungtung bangus tepi ka puhu buntut, kira-kira aya anu saméter satengah, tacan mun ditambah ku panjang buntutna anu kira 30 séntian. Sihungna nyengklik aya kana 12 séntina. Malah sihung anu melengkungna geus tepi ka puhu mah (disebutna sihung ranté), leuwih panjang ti 12 sénti.

Gedéna bagong bikang kira-kira dua pertilu ti bagong jalu. Bagong bikang mah henteu tangihgul, tapi rada lempay. Bagong jalu anu geus nunggal, gerakna teu pati lincah, da beurateun ku awak, katurug-turug sok geus torék deuih. Dina keur dibeberik diboro gé, lumpatna geus henteu tarik. Najan disurakan euyah-euyahan gé, bari dibalédogan, upamana, ngan tiba ngungkug.

Sihung bagong béda jeung sihung maung, ajag, ucing, atawa sato séjénna anu ngabogaan sihung dua pasang (luhur sapasang, handap sapasang). Sihung maung, upamana, anu handap téh rada melengkungna ka luhur, ari sihung luhur rada melengkung ka handap. Tah, sihung bagong mah teu kitu. Sihung handap jeung luhur téh melengkungna sarua ka luhur; jiga kacip. Éh, apal henteu naon ari kacip? Kacip téh “gunting” pameulahan jambé, dipibogana biasana ku anu sok nyeupah.

Bagong bikang gé sarua aya sihungan, ngan leutik jeung pondok. Lamun aya nu ngaganggu, biasana bagong bikang sok nyengkatkeun huluna, tatahar rék ngégél. Ari bagong jalu, mun dirina ngarasa kaancam, biasana sok tungkul, laju nyuruduk bari mubat-mabit. Sihungna nu panjang gedé gunana pikeun ngalumpuhkeun musuhna. Nyuruduk atawa ngabanting sataker tanaga. Ku tarik-tarikna, ana sakalieun keuna téh geus pasti matak gudawang, malah kulit tangkal mahoni gé kuat tepi ka cewud, Jadi geus kasawang, bakal kumaha balukarna mun keuna kana kekemplongan musuhna—anjing upamana. Mangkaning dina sakalina musuhna geus beunang téh sok terus dikekesek, teu béda ti nu keur ngaréndos. Geus kitu musuhna téh terus dialungkeun. Kontan, anjing budal-badil, peujitna ngaburalu ka luar, ambay-ambayan. Éta pangna maung gé tara sologoto nyanghareupan bagong gedé mah. Lamun geus ditekuk tapi masih metu kénéh ngabanting, teu mustahil sihungna bisa nyasaak. Antukna, bagongna paéh, maungna koit.

Tina pangalaman di pamoroan, sihung anu gedé bahayana téh biasana anu tacan melengkung. Enya, sihung anu lempeng kénéh. Nya sihung anu kitu bentukna anu sok remen nyacar bolang kekemplongan anjing di pamoroan téh. Sihung anu geus melengkung mah teu pati bahaya, ngan pasti bagongna gedé, anu tangtu waé gedé pisan tanagana. Mindeng kajadian, bagong nunggal mah ana digabres ku kuli hiji waé mah, batan terus rubuh kalah malikan, laju ngamuk nguwak-ngawik.

Ilaharna urang nganggap bagong téh kabeukina ukur kana beubeutian, bungbuahan, atawa tangkalna pisan—istilahna sato herbivora. Padahal saenyana teu kitu. Sabab, bagong gé sok ngahakanan sasatoan séjénna, utamana cacing jeung bangsa serangga, kaasup lauk cai deuih. Malah bangké gé sok dihakan. Jadi kaasupna téh kana sato omnivora, alias sagala dihakan. Malah kungsi kabuktian, di wewengkon Nusa Tenggara, bagong téh sok ngamangsa mencek.

Ilaharna bagong liarna ti peuting, pikeun naréangan hakaneun—disebutna sato nukturnal. Tapi saenyana beurang ogé, utamana isuk-isuk atawa pasosoré, bagong sok geus ngider néangan hakaneun. Moro bagong dina mangsa beurang, ilaharna ku cara dibeberik, ngagunakeun anjing. Lamun moro bagong ti peuting, ku cara diintip, laju dibedil; disebutna ngabelor.

 

Nyambung ka:

Moro Bagong (Bagéan 3)

Bagéan saméméhna: 

Moro Bagong (Bagéan 1)



BIODATA TATANG SUMARSONO

Posting Komentar

0 Komentar