Lalakon Éman Turi Basa Jaman DI di Pagerageung (Bagéan 1)


Kandang Jaga

KU urang sabudeureun Pagerageung mah kuring téh sok disarebut Mang Eman. Pituin urang Kacamatan Pagerageung. Ari umur ayeuna ampir nincak 87 taun, da gubrag ka alam dunya téh taun 1934. Atuh papantaran mah loba anu geus miheulaan disaur ka alam kalanggengan. Teu kurang-kurang deuih babaturan anu tilar dunya basa jaman ririweuhan DI/TII, gugur waktu keur berjoang mertahankeun lembur.

Ari ras ka dinya, sok muji ka Gusti Nu Maha Suci. Bubuhan sorangan mah dikersakeun panjang umur. Padahal kungsi aya mangsana, sanggeusna reup peuting ngarungkup, antara hirup jeung paéh téh lir teteguhan. Haté teu weléh dikukuntit ku kasieun jeung kahariwang.

*

Awal taun 1950-an, duka taun 1952 duka taun 1953, geus mimiti aya pepeletékan kontak senjata antara pasukan DI jeung tentara. Harita mah Pagerageung téh masih kénéh désa, can jadi kacamatan kawas ayeuna. Ku lantaran remen diserang gorombolan, sakuriling lembur Pagerageung dipager ku gedég awi tohaga. Awina guluntungan, sagedé-gedé bitis, bari rékép nakeranan. Panjangna pager nepi ka tepung gelang deui téh aya kana 5 kilométerna. Ari jangkungna ampir 2 méter satengah. Lawang asup-kaluar ukur dibéré dua; di tungtung wétan jeung di tungtung kulon, meneran pisan jalan gedé anu ngembat meulah lembur Pagerageung.

Ku lantaran dipager gedég, nelah baé lembur Pagerageung téh kandang jaga.

Taun 1954 asana harita téh, atawa bisa jadi saméméhna. Kuring cicing jeung indung téh (da jeung Bapa tos pipirakan) di lembur Cihalisan, lebah tutugan pasir Gowong pisan. Najan masih kénéh aya dina wengkuan Désa Pagerageung, tapi Cihalisan mah kawilang nenggang ti lembur Pagerageung. Dina hiji poé ka lembur datang tentara. Tuluy ngembarkeun, yén sakur anu darumuk di lembur-lembur pasisian kudu pindah kabéh ka jero kandang jaga. Atuh teu sirikna kerid peuti, parindah ka lembur Pagerageung. Imah-imah dibongkaran, diakut ka jero kandang jaga. Tuluy di dinya kuriak deui nangtungkeun wawangunan. Kuring gé sarua, jeung indung nyieun deui sasaungan, nyéwa dina tanah batur. Untungna téh loba tatangga anu haat milu mantuan.

Ku saliwatan gé kaharti, éta paréntah tentara téh tujuanana sangkan rahayat anu di pasisian teu jadi sasaran gorombolan. Salian ti éta, pikeun megatkeun sokongan logistik ongkoh. Teu ngabibisani kituna mah, bubuhan di antara urang lembur sorangan loba anu purah nyokong ka gorombolan. Disebutna tukang marab.

Koléksi foto IPPHOS.

Perkara tukang marab, aya kajadian anu nepi ka ayeuna inget kénéh pisan. Basa sakabéh urang lembur pasisian dikumpulkeun ku tentara, aya tilu urang anu ngahaja disingkurkeun deukeut tambakan balong, nyaéta Mang Suhro, Mang Suho, jeung Mang Suranta. Tiluanana gé tatangga. Anu dua urang Cihalisan, anu hiji deui urang Lampegan. Kuring harita ukur melongkeun ti kajauhan. Ku tentara éta tatangga anu tiluan téh dibéré udud sabatang séwang. Aya anu diudud, aya anu henteu. Teu lila ti harita, tiluanana didérédéd nepi ka tiwasna pisan. Puguh baé kuring reuwas kabina-bina! Geuwat baé indit ti dinya.

Naha éta anu tiluan téh enya tukang marab atawa ukur ditulis tonggong, weléh nepi ka ayeuna gé teu apal. Da hésé dibuktikeunana. Ceuk tadi gé teu ngabibisani saupama di antara urang lembur loba anu nyokong atawa sahenteuna jadi mata-mata gorombolan. Tapi da anu apal mah biasana ukur samet meungpeun carang, moal ieuh bruk-brak ka nu lian. Mana komo dilaporkeun ka tentara. Lain ku nanaon, résikona gedé pisan. Sabab saupama kanyahoan lapor ka tentara, geus tangtu bakal dikakalakeun ku gorombolan.

Ari éta anu tiluan ku saha atuh dilaporkeunana? Wallohu a’lam. Nu karuh mah saterusna sakur anu dituduh biluk ka DI, bari béjana tembus ka tentara, geus tangtu bakal dipanggil. Leuheung saupama dipanggil téh ukur diinterogasi wungkul. Da réa ogé anu tuluy disiksa. Malah anu dipanggil teu balik deui ogé aya, kawas anu tumiba ka Sarkosih, Madro’i, jeung Ucup. Padahal biheung teuing bener, biheung teuing henteu.

Kitu deui anu “diparabkeun” ka gorombolan, majar cenah sok mantuan atawa deukeut jeung tentara. Ieu gé geus pasti bakal dicirian, tuluy diduruk imahna, atawa nepi ka diculikna pisan ku gorombolan. Padahal bisa jadi ukur pitenah digegedékeun.

Cindekna curuk téh payu pisan harita mah. Tina tadina ukur pasal pribadi, neuteuli, nyeri haté, tuluy dituduhkeun ka DI atawa ka tentara, geus tangtu bakal cilaka.



Nyambung ka:

Lalakon Éman Turi Basa Jaman DI di Pagerageung (Bagéan 2)


Posting Komentar

0 Komentar