SANGGEUSNA pindah ka kandang
jaga, kahirupan lumangsung kawas sasari. Bray beurang kabéh laliar néangan
pangupa jiwa. Anu dagang, anu nyawah, anu ngebon, ari isuk-isuk téh riab kalaluar
ti kandang jaga, bari saméméhna di lebah lawang digaradahan heula, bisi aya anu
nyulundupkeun dahareun atawa bahan poko keur nyokong gorombolan. Dalah anu tani
gé sasatna dipahing pisan mawa bekel, najan ukur sangu timbel sakeupeul. Méméh dur
magrib, bring baralik deui ka kandang jaga. Da ari peuting mah lawangna
ditutup.
Dina hiji poé, asana poé Minggu,
kuring ku indung dititah ngala suluh. Teu talangké, léos indit ka leuweung. Sanggeus
nepi, tuluy ngumpulkeun suluh pangpung. Teu jauh teuing asana harita ngapruk téh.
Ngan meureun geus kitu kuduna, sabot keur jongjon narokan suluh di nu bala, teu
kanyahoan norojol jalma tiluan. Bajuna pulas héjo, sirahna dibengker beureum.
Teg baé sangkaan goréng.
“Héh, ka dieu manéh!” tanya anu
saurang, teugeug. “Bisa manéh balanja?”
Bingung lain meueus-meueusan
ditanya kitu téh. Lamun nyebut teu bisa, bahaya. Ari nyebut bisa, nya rék
kumaha pilakueun, da sidik apan di lawang jaga téh pamariksaan sakitu ketatna.
Mun kapanggih ku tentara tangtu cilaka.
“Tiasa.” Teu burung pok kitu,
sanggeus ngahuleng sakeudeung. Erongan téh supaya gancang bisa ingkah ti dinya.
“Yeuh, duitna. Meuli asin, meuli
béas, roko ….”
Sanggeus diomat-omatan kudu balik
deui, kuring tuluy ngagedig bari ngeupeul duit 7.500 rupia. Kaitung gedé jaman
harita mah duit sakitu téh, da pangaji béas sakilo gé teu nepi ka lima rupia. Anjog
ka imah, suluh ditunda. Ka indung mah teu ieuh pupulih lamun kuring “dititipan”
duit ku urang gunung.
Sanggeus mikir sawatara lila, bari
kebek ku kabingung, éta duit téh kabéh dibalanjakeun kana pangabutuh sorangan. Sakainget
wé. Malah baju gé meuli dobel. Sawaréh dibeulikeun kana buku tulis, da harita téh
sakola kénéh di SR.
“Ujang, nya ti saha boga duit?”
indung nanya semu panasaran.
“Ah, aya wé nu méré,” pok téh
ngabohong.
Ti samet harita kuring teu wani deui
ngalanto ka leuweung.
Tapi saterusna bet kalah beuki
teu tenang. Pangpangna sieun kanyahoan ku mata-mata yén kuring ngagelapkeun duit
DI. Enya, ku sangkaan mah éta urang gunung anu tiluan téh urang lembur kénéh. Najan
kuring teu nyaho saha ari maranéhna, tapi itu mah kana apaleunana ka kuring. Sahenteuna
apaleun ari ka kolot kuring mah.
Ku lantaran teu weléh diriringkangan
ku kahariwang, antukna ari wayah peuting téh indung sok diungsikeun ka imah gedong
anu témbokna wedel. Ari kuring sorangan saré téh sakaparan-paran. Malah
sakapeung mah tibang nyelempét dina kandang domba. Cul wé imah butut mah
dilurkeun.
Koléksi foto IPPHOS. |
Ingon-ingon gé, utamana domba
jeung embé, tara nepi ka ngari. Malah sok dilékék didinya kénéh. Sabot
meumeujeuhna ramé témbakan (harita geus jadi OKD), kungsi nangénan gorombolan
keur lumpat bari mamanggul embé paéh. Naha da bari ngaderegdeg téh ari
leungeunna mah bisaeun kénéh ngabekaskeun bedil, sakitu dina tonggongna sirah
embé aplék-aplékan.
Enya, sanajan sakuriling lembur
Pagerageung téh dipager gedég, ari aya serangan mah angger wé dobrak. Sakitu
gedég téh remen dikandelan deui, tug ka aya kana tujuh lapisna. Lamun peutingna
tas aya serangan, pager anu jebol téh sok geuwat ditambal deui.
Aya deui kajadian séjén anu
kuring inget kénéh. Duka taun sabaraha, poho deui. Nu sidik harita téh can jadi
OKD. Di Pagerageung aya pintonan réog. Jelema tumplek ti mana mendi. Kuring gé
harita milu lalajo bari dagang suuk, teu pati jauh ti tempat pintonan. Taya
kajadian nanaon. Ngan lila ti lila, bet asa loba jalma tingkulinting semu
nyurigakeun. Keur mah teu wawuh, katurug-turug réngkak katut pélététna rada béda.
Di antarana aya anu meuli suuk dagangan kuring. Loba pisan, asana nepi ka lima
welas ketip. Tuluy baé didalahar jeung batur-baturna.
Aya meureun heuleut satengah jam. Keur jongjon lalajo bobodoran, ana beledug téh sora bedil. Nu lalajo jeung nu keur maén réog bubar katawuran. Kuring ogé tuluy ngajrét. Belecet lumpat mapay solokan, tuluy nyumput di imah gedong. Duit mah nyao ka mana. Suuk meunang nganjuk gé cul wé ditinggalkeun. Beurangna kadéngé béja, aya sawatara warga anu maot katémbak.
Nyambung ka:
Lalakon Éman Turi Basa Jaman DI di Pagerageung (Bagéan 3)
Bagéan saméméhna:
Lalakon Éman Turi Basa Jaman DI di Pagerageung (Bagéan 1)
0 Komentar