Nyungsi Karéta Api ti Bihari ka Kiwari (Bagéan 1) - Ari Andriansyah

Lokomotif 2C2 séri 1300 trayék Bandung-Batavia taun 1934.


ANGGANG temen lalampahan karéta api (KA) di ieu nagri. Ti mimiti diwangun jaman kolonial, terus marengan nepi ka ieu wewengkon mindah rupa métropolitan. Ti mimiti nyidem kapeurih koléktif—romusha dina prosés ngawangunna—nepi ka jadi alat transportasi ti generasi ka generasi. Tapi, ku ngembatna rawayan lalampahaan, teu matak ngalanggengkeun fungsi jeung ajén historisna.

Patalimarga terus tumuwuh ngaliwatan rupa-rupa cara luyu jeung modérenisasi. Jalur darat beuki pabeulit. Kandaraan nu rinéka wandana, ngantay nungguan midang unggal taunna. Katambah jalur cai jeung udara ngilu ngeuyeuban. Alat transportasi tradisional mah manaboa teu kungsi deui kacatur, nungtut tilem dina gulidag waktu.

Kareta api gé boa nungtut ngarangrangan paromanna, kasilih ku alat transportasi séjén nu leuwih gancang tur tumaninah. Ajén historis jeung modérenisasi lir erél karéta, najan papasangan tapi moal nungtung tepung. Dalah dikumaha kapan jaman sarwa praktis jeung ékonomis. Parandéné kitu, KA kudu terus ngigelan panéka jaman. Boh dina canggihna tutumpakan boh jihat ngalayananana. Sangkan teu mopo nyorang pudunan jeung tanjakan globalisasi.

Mun seug natar lalakon KA di Jabar, tangtu baris ngalanglang sawatara periodeu kamekaran, kamajuan, tur nepi ka teu aktif deui sawatara jalurna. Lian ti alatan pindahna leungeun jajahan—Walanda ka Jepang—jeung perjoangan héroik ngarebut kamerdékaan, tapi ogé alatan beuki tarikna séah umpalan jaman jeung nu ngajamananana.

 

Hégak Si Gombar jeung Si Kuik

DINA sajarah KA, Jabar lain daérah munggaran tempat pangreureuhan KA. Jalur KA munggaran aya di Jateng ku diwangunna jalur Kemijen-Tanggung (26 km), kalawan paréntah Gubernur Jénderal Hindia Walanda L.A.J. Baroon Sloet van De Beele, 17 Juni 1864. Laju éta jalur diteruskeun ka Semarang jeung Solo.

Sedeng jalur KA di Jabar, karék ditaratas tanggal 10 April 1869, ku diwangunna jalur Batavia (Jakarta)-Buitenzorg (Bogor)-Cianjur-Bandung, ku Staats Spoorwegen Verenidge Spoorwegenbedrijf, jawatan KA jaman Walanda. Ku ayana ieu jalur, wewengkon Regentschaap Bandung—nu harita keur mitembeyan ngarobah statusna jadi Gemeente, kalawan jasa Asistén Résidén Priangan Pieter Sijthoff jeung wadah warga Kota Bandung Vereeniging tot nutvan Bandoeng en Omstreken—mimiti dianjangan ‘karéta beusi’ tanggal 17 Méi 1884.

Jadi, lalampahan Batavia-Bandung teu deui ngagunakeun jalur Groote Postweg (Jl. Raya Pos) nu méakeun waktu ampir 3 poé. Staats Spoorwegen (SS) ngayakeun 2 kali perjalanan Batavia-Bandung bulak-balik, ngalaman eureun di 27 setasion leutik (halteu), tur méakeun waktu 8.15 jam. Ti dinya, disusul ku diwangunna jalur Buitenzorg-Sukabumi.

Dina taun 1894, diwangun deui jalur Bandung-Yogyakarta-Surabaya, kalawan trayék Natch Trein (perjalanan peuting) jeung Eendagshe (perjalanan beurang). Laju, diwangun deui jalur Bandung-Batavia liwat Cikampék, ngawengku; Batavia-Purwakarta/102 km, jalur pagunungan Purwakarta-Padalarang/56 km, jeung Padalarang-Bandung/17 km, nu dibuka tanggal 29 Désémber 1900 tur diresmikeun tanggal 2 Méi 1906.

Ku ayana ieu jalur, waktu perjalanan leuwih gancang. Mun méméhna jarak Batavia-Bandung liwat Sukabumi merlukeun waktu 6 jam, sanggeus liwat Cikampék ngan 2 jam 45 menit (sok disebut trayék De vlugge vier/4 kali leuwih gancang), najan waktuna teu robah nepi ka kiwari. Harita SS ngoprasikeun 4 KA ngawengku 2 KA ti Batavia jeung 2 KA ti Bandung. Séwang-séwang ngayakeun 4 rit perjalanan. Antukna, jalur KA di wilayah Hinterland Bandung leuwih ngalancarkeun leunjeuran ékonomi jeung komunikasi ka wewengkon nu salila ieu kaisolasi.


Nyambung ka:

Nyungsi Karéta Api ti Bihari ka Kiwari (Bagéan 2)



BIODATA ARI ANDRIANSYAH

Posting Komentar

0 Komentar