Nyungsi Karéta Api ti Bihari ka Kiwari (Bagéan 2) - Ari Andriansyah

Prosés pangwangunan jalur KA Bandung-Rancaékék-
Jatinangor-Tanjungsari (12 km), tanggal 23 Pébruari 1918.


NAJAN karéta api geus datang taun 1884, tapi setasion Bandung karék diresmikeun tanggal 5 Juni 1926, dina milangkala SS nu ka-50. Tur di buruan hareupna, diwangun tugu lantéra listrik minangka patok ‘Titik Triangulasi’, hasil rarancang Ir. E.H. de Roo. Kiwari, ieu tugu diganti ku monumén lokomotif.

Dina mangsa pamaréntahan Walanda awal abad ka-20, KA gedé pisan fungsina pikeun kahirupan pamaréntah jeung masarakatna, hususna di Tatar Priangan. Lian ti jadi alat transfortasi nu panggancangna dina alam harita, ogé mangrupa alat angkut hasil perkebunan (entéh, kopi, kina, jeung karét), alat integrasi ékonomi, jeung atraksi wisata lokal pikeun masarakat pagunungan. Kapan nyaba ka dayeuh (Bandung) bari numpak KA nu masih langka tur anéh téh, hiji pelesiran utama .

Ku mekarna kaayaan Kota Bandung minangka puseur pamaréntahan tur jadi tujuan utama pikeun wisatawan Eropa jeung pribumi, dina mangsa pamaréntahan Meneer B. Coops salaku walikota (1917-1928), Bandung terus ngahangkeutkeun pangwangunan. Pangpangna, pikeun ngalancarkeun hubungan ka suklak-siklukna séntra hasil perkebunan (Cultuur Onderneming). Di antarana ngawangun jalur KA Bandung-Rancaékék-Jatinangor-Tanjungsari/12 km (23 Pébruari 1918), Bandung-Kiaracondong-Soréang/29 km (Pébruari 1921), Bandung-Kopo-Ciwidey/40,396 km (18 Maret 1921), Bandung-Citeureup-Majalaya (6 Juni 1919), jeung Citeureup-Banjaran-Pangaléngan (18 Maret 1921).

Ku ayana ieu jalur, jlug-jleg gudang-gudang tempat neundeun hasil perkebunan; gudang di Cibangkong, Cikudapateuh, Kosambi, Kiaracondong, Braga, Pasirkaliki, Jln.Industri, Ciroyom, jeung Andir. Di wewengkon luareun Bandung gé diwangun jalur KA, saperti jalur Cibatu-Garut-Cikajang/50 km (1889), Banjar-Pangandaran-Cijulang/80 km (1918), jeung Kadipatén-Cirebon/47 km (1901).

KA nu digunakeunna nelah disebut “Si Gombar” (lokomotif pikeun jalur pagunungan/Berglijn Locomoteif nu modéren dina séri “D.D”, boga 8 roda badag, produksi 1924, tur kapasitas gerbongna lega)  jeung “Si Kuik” (lokomotif seri B5100-an nu ilahar dipaké pikeun jalur datar, bentukna leuwih leutik), ngindung kana sorana mun pareng maju disada. Ngaluarkeun kelun haseup hideung tina corobong lok tur kapireng aweuhan hatong minangka kelaksonna.

Pikeun narékahan jalur pagunungan nu nanjak-mudun sarta pungkal-péngkol, taun 1927, Java Staats Spoorwegen gé ngadatangkeun deui 30 lokomotif  uap séri CC5001, nu langsung dipesen ti sawatara pabrik di Eropa, seperti Werkspoor (Walanda) jeung Schweizerische Lokomotiv-und Maschinenfabrik (Swiss). Lokomotif séri CC5001 mampuh ngangkut 1.300 ton kalawan waktu perjalann 55km/h.

Panumpangna tartib, da puguh karcisna gé saréana pangdiukan, teu rimbil nepi kana hateup KA kawas kiwari. Lamun aya panumpang kapanggih teu meuli karcis péron, komo kapanggihna di tengah jalan, teu asa-asa didengda tur baris diturunkeun di setasion pangeureunan (halteu) munggaran—kitu sotéh mun méré duit (supplitie) tambahan di perjalanan. Tapi, upama teu kitu, leuwih beuratna baris nyanghareupan “hamba wet” (hukuman).

Dina catetan Walanda taun 1884, jumlah panumpang munggaran di Kota Bandung salila sataun 32.000 urang tur jumlah angkutan barang 9.250 ton. Tilu puluh taun ti harita (1914), jumlah panumpang/taun 1.307.000 urang tur jumlah angkutan barang 244.700 ton. Jumlah éta téh terus undak saban taunna. Saterusna, sanggeus Jepang datang ngawasa, réa jalur nu diburak. Erélna dikakat. Sabagian dibawa ka Tokyo, sabagian deui dibawa ka Banten Kidul dijieun deui jalur KA Saketi-Bayah, pikeun ngakut batubara. Katambah, réana ‘penjarahan’ erél karéta nalika krisis monétér.


Kaayaan Kiwari

KIWARI, nu masih kénéh ajég kari sawatara ruruntuk wangunan setasion, halteu, sasak, jeung erélna nu terus kakubur padumukan. Tayana instansi pamaréntahan jeung masarakat nu boga raga katineung pikeun ngariksana, ieu titinggal sajarah téh beuki lila mah beuki ropoh ku kakolotan, ajur ku umur. Antukna, anak incu téh baris meunang dongéngna wungkul, nu saukur ngalangkang dina implengan, tanpa mikanyaho jirimna kawas kumaha.

Kungsi éta gé Gubernur Jabar Ahmad Heryawan, dina taun 2009, nyarita rék ngarévitalisasi jeung ngaaktifkeun deui unggal jalur KA antar daérah di Jabar. Tujuanna, lian ti narékahan macét, tapi ogé pikeun study historis wisata. Di antarana ngaktifkeun jalur KA Sukabumi-Cianjur-Padalarang, Sukabumi-Bogor, Cirebon-Kadipatén, Rancaékék-Jatinangor-Tanjungsari, Bandung-Citeureup-Majalaya, jeung Bandung-Soréang-Ciwidey. Malah cenah rék tutas taun 2010 rarancangna mah. Tapi, weléh tepi ka kiwari taya jujutanana. Tina sakitu rarancang téh, nu aktif deui ngan hiji, nyaéta jalur Sukabumi-Bogor.


Nyambung ka:

Nyungsi Karéta Api ti Bihari ka Kiwari (Bagéan 3)

Bagéan saméméhna:

Nyungsi Karéta Api ti Bihari ka Kiwari (Bagéan 1)



BIODATA ARI ANDRIANSYAH

Posting Komentar

0 Komentar