Riwayat Daéng Soetigna: Bapa Angklung Indonesia (Bagéan 1) - Tatang Sumarsono

Koléksi foto kulawarga Daéng Soetigna.

TEU kurang teu leuwih, angklung téh ukur pakakas paranti jajaluk. Klang-klung, klang-klung dina poé pasar, susuganan aya nu haat ngalungan duit kencring pangaji sapésér. Kaitung hadé milik mun aya nu méré sasén téh. Sakapeung mapay ka saban buruan, bari mimindengna mah pribumi cukup ku ngajawab, “Persaben, Mang ....” Enya, mun jaman ayeuna mah teu béda ti tukang ngamén—ngan meureun baheula mah tacan riab di saban parapatan.

Kitu anu kasaksén ku Daéng di Kuningan, taun 1930-an. Harita Daéng geus jadi guru HIS, satamatna ti Kweekschool, taun 1928 téh.

Pareng dina hiji poé, Daéng keur ngadaweung dina papanggé, jol tukang jajaluk. Sonder dipénta ogé, éta tukang jajaluk langsung nyadakeun angklungna, ari laguna “Cis Kacang Buncis”.

Ceuli Daéng anu geus wanoh kana musik Barat—hasil didikan Walanda, bet terus kataji ku sora angklung, tepi ka pok pisan, “Cing, Mang, sakali deui.” Puguh waé tukang jajaluk téh atoh, sabab geus kaerong bakal meunang buruhan rada lumayan. Tara-tara ti sasari maké aya anu ménta tambah lagu sagala. Komo deui dina émprona mah pribumi teu cukup ku ngadéngékeun dua lagu; ménta deui tambah, menta deui tambah, tepi ka koléksi lagu tukang jajaluk béak, da mémang bisaeunana ogé ukur sawatara lagu waé.

“Mang, éta angklung téh dipésér waé ku abdi,” cék Daéng.

Tukang jajaluk ngarénjag. Bet piraku teuing aya pantar ménak rék meuli angklung. Jeung deuih, apan éta angklung téh sasat geus jadi modal néangan pangupa jiwa. Ngan ku sabab pribumi rada maksa, bari nawarna gé rada mahal, antukna ku tukang jajaluk téh dijual.

Ti harita Daéng asa boga cocooan anyar. Éta angklung terus disada-sadakeun, bari sorana dilenyepan. Daéng téh mémang resep kana musik ti keur sakola kénéh ogé. Hitar, piano, mandolin, piul, jeung harmonika sasat geus jadi cocooan sapopoé. Lamun rék ngajarkeun lalaguan ka muridna, Daéng mah sok bari mekel waditra, pikeun mirig barudak anu diajar nyanyi. Éta pangna Meneer Daéng ku murid-muridna dipikaresep. Jaba deuih ari di kelas téh sok sulap.

 

Disangka rék jadi baramaén

BIBIT buit Daéng téh saenyana ti Pangandaran. Bapana, Mas Kartaatmadja, kungsi dibenum jadi guru di wewengkon Pameungpeuk, pakidulan Garut. Daéng gé lahirna di dinya, taun 1908.

Naha ngaranna bet Daéng, niron-niron urang Bugis? Tétéla aya sajarahna. Waktu keur sakola guru, Kartaatmadja téh sakelas jeung Daéng Ardiwinata (saterusna jadi tokoh pergerakan, sastrawan Sunda, tur kungsi jadi Ketua Paguyuban Pasundan entragan munggaran). Ari Daéng Ardiwinata mah mémang turunan bangsawan Bugis anu dibuang ka Bandung. Sajaba ti nyobat, Kartaatmadja téh hormat pisan ka Daéng Ardiwinata, tepi ka kedal ucap, mun boga anak lalaki rék dingaranan Daéng. Nya Daéng Soetigna téa, anu jaman sakola di HIS Garut mah katelahna Oetig.

Ti umur tujuh taun Daéng geus misah ti kolot, lantaran kudu asup ka HIS anu ayana di Garut (di Pameungpeuk mah ukur aya sakola rayat). Guru idola Daéng di HIS Garut nyaéta Meneer Ios Wiriaatmadja (sarua deuih engkéna jadi tokoh pergerakan jeung aktif di Paguyuban Pasundan). Satamatna ti HIS, Daéng neruskeun ka sakola guru (Kweekschool) di Bandung, anu sok disebut ogé Sakola Raja (ayeuna mah urutna jadi kantor Polwiltabes Bandung).

Ceuk pangangkenna, basa keur jadi murid sakola HIS jeung sakola guru, Daéng téh teu kaasup budak anu kayungyun. Kitu lah deukeut-deukeut kana nalaktak, jeung geus beuki udud. Najan kitu, ku babaturanana dipikaresep, lantaran bisa gaul, gedé heureuy, jeung pinter ngadongéng. Mun Daéng ngadongéng, biasana sok diuk dina méja, diriung ku babaturanana. Lantaran awakna leutik, katémbongna téh mani nyéngclé. Éta pangna ku batur sasakolana Daéng sok disarebut Si Éclé. Tepi ka kolot ogé angger sok disebut kitu, ngan pédah dirobah saeutik jadi Pa Éclé.

Nya basa keur sakola di Bandung, Daéng mimiti resep kana musik téh. Sanggeus meunang diploma ngajar, Daéng dibenum jadi guru di Cianjur, terus dipindahkeun ka Kuningan.

Anu geus dipikawanoh ku Daéng sajeroning jadi murid sakola guru téh nyaéta nada diatonis anu maké patokan do-ré-mi. Tapi ari angklung mah apan nadana téh pentatonis (da-mi-na). Nya Daéng téh mikir, kumaha carana ngarobah angklung tina nada pentatonis kana diatonis-kromatis. Lamun tepi ka ngawujud, tangtu bakal bisa diajarkeun ka barudak di sakola. Lian ti éta, angklung bakal bisa dipaké ngalagu atawa mirig lalaguan diatonis anu asalna bawa urang Walanda.

Daéng meunang raratan yén anu sok nyieunan angklung téh ngaranna Pa Jaya. Cenah baheulana kungsi jadi panayagan. Nya ka dinya Daéng nepungan.

Koléksi foto kulawarga Daéng Soetigna.

“Ké, ké ..., dupi Adén téh badé janten baramaén, kitu?” omong Pa Jaya, waktu Daéng ngutarakeun pamaksudanana yén aya karep rék diajar nyieun angklung. Tangtu waé pribumi ngarasa héran, naha aya ménak boga kahayang kawas kitu. Angklung téh apan geus dianggap teu ajénan, da idéntik jeung barang teu pira nu sok dipaké baramaén.

Nya ku Daéng diterangkeun, pangna hayang bisa nyieun angklung téh engkéna keur ajarkeuneun ka barudak sakola. Pa Jaya ukur unggut-unggutan, tapi ahirna daékeun népakeun pangabisana. Jigana mah lain ku sabab ngarti-ngarti teuing kana pamaksudan Daéng, ngan ieu mah duméh ngahargaan kana niat ki sémah anu sakitu pantengna.

Harita Pa Jaya téh geus kolot pisan, geus rada torék bari mimiti pikun. Tapi ari ku keyeng mah, Daéng teu burung bisa mulungan élmuna. Ku Pa Jaya diterangkeun naon nu disebut rancak, sundung, pupurus, katut istilah-istilah séjénna dina waditra, hususna angklung. Lian ti éta, Daéng ogé diajar lalaguan Sunda buhun, kayaning “Tonggérét”, “Balaganjur”, jeung “Kacang Buncis” minangka kostimna angklung.

Pangaweruh Pa Jaya ngeunaan karawitan kaitung jero. Éta waé bisa nerangkeun naon pangna angklung disada, naon bédana angklung jeung bonang dina lebah ngaluarkeun nada, kudu kumaha nyetémkeun angklung ngarah sorana akur jeung titi laras, jeung sajabana—sanajan anu diterangkeunana téh teu maké tiori musik.

Sanggeus ngalaman gagal jeung gagal, ahirna Daéng bisa nyieun angklung diatonis-kromatis. Modal utamana mah seukeutna ceuli dina ngabéda-bédakeun nada, katut dibarung ku sabar jeung taliti dina prosés nyieunna. Lian ti éta, kudu aya péso raut anu nyempring deuih.

Daéng gedé harepan, mun angklung bisa dipaké alat pangajaran, tangtu teu butuh modal gedé. Awi anu harga saleunjeurna ukur opat sén, bisa dijieun lima angklung. Mun dibandingkeun jeung harga alat musik jieunan luar, kacida ganjorna. Harmonika mérek Hohner harita hargana saratus rupia—mun dipaké nyieun angklung mah bisa ngahasilkeun aya rébuna. Ku kituna, mun angklung dipaké alat pangajaran, tangtu bisa walatra ka sakabéh murid.


Nyambung ka:

Riwayat Daéng Soetigna: Bapa Angklung Indonesia (Bagéan 2) 


Posting Komentar

0 Komentar