Riwayat Daéng Soetigna: Bapa Angklung Indonesia (Bagéan 2) - Tatang Sumarsono

Koléksi foto kulawarga Daéng Soetigna.

Sasalaman Jeung Bung Karno

HANJAKAL, angklung meunang nyieun Daéng tekal-tekil téh taya nu ngahargaan. Dalah para koléhana di sakola ogé bangun anu haré-haré—padahal harita angklung jieunan Daéng geus bisa dipaké ngalagu “Blue Donau” karya komponis dunya, Johann Strauss, katut lalaguan séjénna anu harita keur meujeuhna popilér. Najan kitu, Daéng teu putus harepan. Angklung terus diajarkeun ka murid-muridna, biasana lain di sakola, tapi mimindengna dina kagiatan latihan kapanduan.

Taun 1938, di Bandung diayakeun padvinders rally ku alpukahna POP (Padvinders Organisatie Pasundan, lembaga kapanduan di lingkungan Paguyuban Pasundan). Daéng kapentés kudu mingpin rombongan pandu ti Kabupatén Kuningan.

Nya harita Daéng mimiti ngawanohkeun angklung diatonis dina forum anu leuwih lega—sa-Jawa Barat, tur disaksian ku para tokoh Sunda anu manggung dina dunya pergerakan, di antarana Otto Iskandar di Nata, Ir. Djoeanda, Atik Soewardi, Otto Soebrata, jeung Sanusi Hardjadinata. Tétéla pintonan angklung meunang pangbagéa anu pohara—béda jeung anu kaalaman waktu diwanohkeun di tempat asalna.

Daéng asa beuki kajurung laku jeung tambah sumanget enggoning ngangkat harkat angklung, sok sanajan aya kahanjelu, nyaéta waktu mulang deui ka Kuningan, Pa Jaya tilar dunya karék sawatara poé kaliwat.

Ti harita Daéng beuki soson-soson nyieunan angklung, bari sama sakali taya udagan komersial, malah nu sidik mah kudu ngamodal sorangan. Bélaan gajih tina jadi guru didua-duakeun, anu tangtu nyontang kana waragad dapur. Tujuanana ukur hiji: hayang nyebarkeun angklung ka sakola-sakola pikeun ngadeudeul pendidikan seni musik. Ti mimiti nuar awi, motongan, tepi ka ngarautna éstu dipigawé ku sorangan. Komo deui lebah nyetémkeun sora mah teu bisa dipasrahkeun ka batur, da mémang di dinya koncina; naha angklung anu dijieun téh nyumponan sarat waditra, atawa ukur pisuluheun parabkeuneun ka hawu.

Ari dibarung ku leukeun mah, ahirna angklung jieunan Daéng bisa ditarima ku dunya pendidikan. Mun dipatalikeun jeung pangajaran musik, angklung boga ciri anu disebut lima M (mudah, murah, menarik, mendidik, jeung massal). Babari dina ngagunakeunana, murah hargana, ngalantarankeun murid kataji tur sajeroning diajar ngangklung téh maranéhna dilatih disiplin jeung gotong royong. Atuh anu bisa miluanana ogé lain hiji-dua murid, tapi saeusi kelas, malah sasakola.

Dina jaman sanggeus merdéka, waktu di Kuningan lumangsung Perundingan Linggarjati, taun 1946, musik angklung dipagelarkeun pikeun ngahibur tamu nagara. Tétéla suksés tur meunang sambutan anu hadé ti para delegasi. Nya harita Daéng ngalaman sasalaman jeung Bung Karno, bari meunang pamuji duméh hasil karancagéanana kalandep ku tamu nagara.

“Bung Daéng, geura tatahar deui pikeun manggung di Jakarta,” ceuk ieu Presiden RI kahiji téh.

Enya waé, kurang leuwih sabulan ti harita, Daéng jeung rombongan musik angklungna dibéré pancén pikeun magelaran di Jakarta, dina acara paturay-tineung Laksamana Mountbatten, Panglima Sekutu di Asia Tenggara. Tapi, lalampahan ti Kuningan ka Jakarta alam harita mah loba pisan barébédanana, lantaran di jalan anu kaliliwatan, hususna ti Cikampék tepi Karawang, remen aya pertempuran.

Lebah Kléndér, karéta api anu ditumpakan ku rombongan Daéng digaradah ku tentara Walanda, bisi aya anggota pasukan RI anu nyulusup ka Jakarta, anu harita geus dikawasa ku NICA. Pakakas anu rék dipaké manggung diubrak-abrik tepi ka aya nu ruksak.

Sanggeus penyerahan kedaulatan, suasana di nagara urang mimiti maju ka aman. Saterusna Daéng pindah ka Bandung. Matuhna Daéng di Bandung téh sasat jadi cukang angklung leuwih mekar. Musik angklung nyebar ka sakola-sakola. Lian ti éta, Daéng remen dipénta magelaran pikeun ngahormat tamu nagara. Geus puguhing ari di Gedong Pakuan mah, da pikeun saterusna mah Daéng remen lar-sup ka Istana Negara gé. Musik angklung remen tandang dina acara kanagaraan, di antarana Konferensi Asia Afrika, Pembukaan Colombo Plan, jeung dina Pembukaan PON ka V di Stadion Siliwangi, Bandung. Lian ti éta, Daéng remen meunang pancén jadi duta kasenian, nganclang ka mancanagara, ngambah Eropa jeung Amerika—puguh deui ari di wewengkon Asia mah.

Sanggeus matuh di Bandung, taun 1950-an, Daéng kungsi neruskeun sakola ka B-1 Jurusan Seni Suara (kira-kira sarua jeung tingkat sarjana muda). Peunteunna aralus, rata-rata 8,3, atuh skripsina ogé geus dijieun dina basa Walanda, judulna Een Poging tot Rehabilitatie van de Angklung (Ngabéla Kahormatan Angklung). Tapi dina babak ahir, Daéng teu dibéré diploma. Anéh puguh gé, cenah. Anu leuwih anéh deui, najan teu boga diploma B-1, saterusna Daéng dipénta jadi dosén di B-2 Jurusan Seni Suara (sarua jeung tingkat sarjana). Teu ditedunan, sabab harita Daéng tatan-tatan ka Australia pikeun tolab élmu.

Kurang leuwih 30 taun sanggeus angklung diropéa, Menteri Pendidikan dan Kebudayaan RI ngaluarkeun SK No. 082/1968, anu eusina nandeskeun yén angklung diposisikeun jadi alat pendidikan musik. Sataun ti kaluarna éta SK, Daéng dilélér béntang kahormatan Satyalencana Kebudayaan ti Présidén RI.

Koléksi foto kulawarga Daéng Soetigna.

Ti dinya mah angklung tambah mekar. Murid-murid Daéng (di antarana Sanu’i Edia, Udjo Ngalagena, Agam Ngadimin, Permadi, Moh. Hidayat, jeung Obby AR Wiramiharja) neruskeun tapak lacakna. Musik angklung henteu ngan sawates jadi bagian tina pendidikan, tapi deuih kakayaan budaya jeung pikeun daya tarik wisata—lain waé dianggap has Jawa Barat, tapi deuih Nusantara.

Basa keur jumenengna, Daéng kungsi ditempatkeun di Jawatan Kebudayaan, terus jadi penilik, mungkaskeunana jadi Direktur Kokar (ayeuna jadi SMKI), tepi ka pangsiunna taun 1964. Daéng tilar dunya bulan April 1984. Ninggalkeun tujuh budak: Aam, Téja, Émma, Iwan, Érna, Itin, jeung Utut. Aya di antarana anu jadi pelukis wedalan Seni Rupa ITB, nyaéta nu nomer lima, anu ayeuna katelah Érna Pirous. 

Di antara adi Daéng ogé aya duaan anu manggung di lével nasional, nyaéta Prof. Dr. Oténg Soetisna (guru besar di IKIP Bandung), jeung Oejéng Soewargana (tokoh Angkatan 1945, intelektual, anu saterusna sohor jadi pangusaha penerbitan buku). (Tatang Sumarsono.)

 

Bagéan saméméhna: 

Posting Komentar

0 Komentar