Sair Sunda dina Awal Abad ka-20 (Bagéan 1) - Atép Kurnia




LANTARAN panasaran ngeunaan pamedalan buku sair, nya nyukcruck sawatara situs nu di jerona nyayagikeun data-data nu patali jeung buku-buku sair Malayu ti abad ka-19 nepi ka awal abad ka-20. Situs-situs nu dilalaran téh antarana google.books.com, worldcatlibarary.org, jeung opac.perpusnas.go.id. Tina éta tilu situs tingkurunyung judul demi judul buku sair.

Nu tingpucunghul antarana karya Abdullah bin Abdul al Kadir (1796-1854) nyaéta Syair Singapura Terbakar (1847) jeung Syair Kampung Gelam Terbakar (1847?); Raden Moehamad Hoessen, Sair tjaritra orang pamales (1863); Baginda Maradjalan, Sair tjeritera segala ambtenaar jang beroleh pangkat dari Kandjeng Goebernemen ataoe jang di brentiken pangkatnja (1881); Tan Tjeng Nio, Sair tiga sobat nona boedjang, di eret oleh baba pranakan Tangerang (1902); jeung sajabana ti éta. Da mun dituliskeun kabéh beubeunangan néangan mah pasti bakal réa pisan.

Ngan tina éta cukcrukan gé réa kapanggih sair-sair anu disumangetan pisan ku kajadian-kajadian ahéng méméh ditulisna sair, nya bisa disebutkeun mémpér-mémpér réportaseu. Palebah dieu mah karya-karya sair modél kieu téh réa ditarulis ku para pangarang peranakan Tionghoa. Tamba kawaranan geura ieu sababaraha judulna: Sair satoe tjerita jang betoel Soeda kedjadian di tanah Betawi dari halnya Oeij Tambah Sia (1906) karya Kho Theng Bie, Sair Nona Fientje de Feniks dan sakalian ia poenja korban jang bener terdjadi di Betawi antara taon 1912-1915 (1916) karya Tan Boen Kim, Sair Java-bank dirompak tanggal 20 November 1922 (1922) karya F.H. Wiggers, Sair dari hal datengnja poetra makoeta keradjaan Roes di Betawi karya Tan Teng Kie, Sair tjerita Mohamad Saleh dan Mohamad Bentoel: jang telah boenoeh saorang Arab di Meester-Cornelis, lantaran perkara oetang karya Kho Tjeng Lie.

Tina judul-judul buku sair nu ditataan di luhur, karampa kandelna unsur réalismeu ku lantaran ngalibetkeun tokoh-tokoh anu kungsi aya di kieuna atawa kajadian-kajadian nu mémang kungsi lumangsung dina waktuna. Ieu robahan téh sigana raket patalina jeung kamekaran tradisi citak di Nusantara nyaéta nu ngawengku Straits Settlement (Malaya, Singapura, jsté) jeung Kapuloan Hindia Walanda dina paro kadua abad ka-19.

Nu matak narik, sabada meletékna kasadar kabangsaan pribumi di Hindia Walanda, atuh sair gé dipaké geusan nepikeun gagasan, pangalaman, pamikiran anu raket patula-patalina jeung nasionalismeu. Conto sair anu lahir dina “jaman bergerak” téh antarana Sair Sarikat Islam (1913) karya R. Pasisir wedalan Kho Tjeng Bie. Kitu deui kumpulan sair beunangna Mas Marco, Sair-Sair Rempah (1918). Samalah alatan sair “Sama Rata Sama Rasa” nu aya dina éta kumpulan, Mas Marco dibui taun 1917, lantaran dituduh sapongkol jeung “si Raja Mogok van Jogja” Soerjopranoto.

Na rék nyaritakeun naon atuh los-los kana bagbagan sair? Alesan nu utamana mah lantaran sorangan manggihan sair-sair Sunda tur dimuat dina média Sunda antara taun 1919 nepi ka 1922. Alhasil, naon-naon nu didadarkeun di luhur téh bisa dianggap minangka kasang tukang pikeun maca hadirna sair-sair Sunda dina awal abad ka-20. Ngan méméh leuwih jero ngadadar sair Sunda, sigana leuwih hadé mun nyawang heula wengkuan katut sajarah ayana sair dina kandaga sastra Malayu. Satuluyna néma kana ayana sair dina kandaga sastra Sunda.

 

Mimiti ti Hamzah Fansuri

Salasahiji buku nu nerangkeun bibit-buit sair téh nya Liaw Yock Fang, Sejarah Kesusastraan Melayu Klasik (2011). Cék Liaw (2011: 562), sair téh salasahiji wangun puisi nu diwangun ku opat padalisan, saban padalisanna ngandung 4 kecap nu sakurang-kurangna ngandung 9 nepi ka 12 engang. Bédana pantun jeung sair, cék Liaw mah najan sarua ngandung opat padalisan, tapi sair mangrupa bagian tina puisi nu leuwih panjang. Purwakanti sair umumna nyéta a-a-a-a polana téh, jeung teu ngandung purwakanti jero.

Dina cukcrukan Liaw, aya sababaraha urang nu kungsi ngasongkeun asal-usul sair. P. Voorhoeve (1952) nganggap yén sair Malayu nu munggaran bisa jadi ditulis Hamzah Fansuri. Cék  R. O. Winstedt (1958), sair dina tetengger di Minje Tujuh (Acéh) mangrupa sair pangheubeulna, jeung Syair Ken Tambuhan sair munggaran nu mucunghul dina kandaga sastra Malayu dina abad ka-15. Cék A Teeuw (1966), sair kakara muncul sabada abad ka-15, pangpangna ngaliwatan Hamzah Fansuri. Ti Hamzah, tuluy nerekab cenah sarta eusina lain baé perkara tasawuf. Nyebarna antarana ka Jawa jadi singir. Nepi ka dina abad ka-17, geus sumebar ka Johor, Palémbang, Riau, Banjarmasin, Batavia (Jakarta), jeung Ambon.

Syed Naguib Al-Attas (1968-1971) beuki negeskeun yén Hamzah Fansuri téh enya nu munggaran nganggit sair Malayu. Tapi Amin Sweeney (1971) teu sapukeun. Alesanana, cenah mah Hamzah Fansuri gé narima pangaruh nu kuat tina pantun. Liaw sorangan nyindekkeun yén najan enya Hamzah maké istilah puisi Arab, saperti bait, syair, ruba’i, sair-sair karya Hamzah lain titiron tina puisi Arab, tapi pantun nu gedé mangaruhanana kana wangun sajak-sajak beunang Hamzah mah.

Demi papasinganana, cék Liaw (2011: 565-566) mah aya lima kolom, nyaéta sair panji, sair romantis, sair kiasan, sair sajarah, jeung sair agama. Sair panji maksudna hasil olahan tina wangun prosa hikayat panji. Cenah sair panji mah plotna leuwih basajan, da biasana ngan nyaritakeun carita utama wungkul. Demi sair romantis kakolom nu pangdipikaresepna, lantaran sabagian gedéna ngagambarkeun jejer nu sok aya dina carita rayat, panglipur jeung hikayat. Ari sair kiasan atawa simbolik bakuna nyaritakeun kaasih, kacinta nu meleték di antara lauk, manuk, kembang, jeung bungbuahan. Biasana sair modél kieu mah ngandung kiasan atawa sindiran kana hiji kajadian.

Satuluyna, sair sajarah. Ieu mah sair nu dumasar kana kajadian sajarah. Nu pangréana nyaritakeun soal peperangan. Salian ti peperangan, aya ogé sair-sair nu nyaritakeun kajadian sapopoé anu dianggap istiméwa, cara Syair Perkawinan Kapitan Tik Sing (Bat. Gen. 168) atawa Syair Singapura Dimakan Api (Koleksi v.d.Wall 270). Hiji deui sair agama. Nu ieu mah sair nu kaasup pangpentingna, lantaran ti mimiti ogé sair mah ngandung unsur agama. Sidik pisan apan tina karya-karya Hamzah Fansuri, Abdul Jamal, Hasan Fansuri, Abdul Rauf Singkel, jeung sajabana. Ngan laun-laun robah cenah, henteu tuluy malulu eusina soal-soal agama. 

Sair agama cék Liaw mah bisa dibagi kana sababaraha papasingan. Aya sair sufi, cara nu dianggit ku Hamzah Fansuri jeung panyajak lianna. Aya sair agama nu nétélakeun ajaran Islam, kayaning Syair Ibadat, Syair Sifat Dua Puluh, Syair Rukun Haji, Syair Kiamat, jeung Syair Cerita di Dalam Kubur. Satuluyna aya sair anbia atawa ambia, nu ngariwayatkeun lalakon para nabi jeung rosul. Hiji deui, sair naséhat. Maksudna écés pisan nyaéta sair nu dipaké pikeun méré pangajaran jeung naséhat ka nu ngabarandungan atawa macana.

Sigana keur ambahan naon jeung kumaha ari sair téh, cukup sakitu tina buku Liaw Yok Fang. Ngan aya saeutik tambahan keur ngaweweganana mah. Nyaéta soal sair pikeun ngagambarkeun kajadian sapopoé téa. C.W. Watson dina tulisanana (“Sair Nona Fientje de Feniks: An Example of Popular Indonesian Fiction in the First Quarter of the Century”, Asian studies v. 12, no. 1, 1974) nétélakeun yén sair téh sok leuwih ringkes manan prosa, basa nu dipakéna henteu pabaliut, purwakantina ogé henteu pabeulit deuih, basajan. Cenah, ku kituna dina awal abad ka-20, sair téh jadi wangun sastra nu pada mikaresep, pangpangna pikeun jadi kandaraan atawa alat enggoning nepikeun carita nu rada langsung, henteu réa élaborasi puitikna. Harita réa sair nu dianggit pikeun ngagambarkan kajahatan anu anyar-anyar kajadian sarta biasana sok dumasar kana karya prosana heula.

Dina tulisanana, Watson nyontokeun ngeunaan sair-sair nu aya patalina jeung rajapati. Cenah nu pangkasohorna nyaéta Sair Njai Dasima jeung Sair Rossina, carita populér ngeunaan kahirupan di Batavia dina abad ka-19. Kitu deui Sair Nona Fientje de Feniks, najan cenah aya bédana. Bédana téh ku alatan nyieun sair percobaan anu teu tukuh kana aturan nu geus baku. Da dina sapadalisanna henteu ngukuhan opat kecap, tapi salapan nepi ka 14, kitu deui engangna. Nu munggaran hasil nyieun percobaan kitu téh cenah mah Lie Kim Hok, ngaliwatan karyana Siti Akbari (1884). Nya bisa disebutkeun dina ahir abad ka-19, para penulis nyobaan nyieun sair éksperimén nu béda jeung wangun aslina.

Ngan kukumaha baé ogé, nepi ka parapat kahiji abad ka-20, sair mangrupa wangun puisi nu populér pisan jadi pakakas atawa alat pikeun carita langsung, samalah bisa jadi leuwih populér manan prosa. Watson nyontokeun, nepi ka taun 1922, Sair Njaie Dasima geus dicitak genep kali, ari prosana mah ngan kakara dua kali nepi ka taun 1926 téh. Cék Watson satuluyna, éta sababna para penulis leuwih réa milih sair minangka alat nu bisa ngarungkupan para nu maca nu leuwih lega ambahanana. Popularitas sair téh tuluy lumangsung nepi ka taun 1930-an, saperti nu kasaksian dina karya-karya nu diterbitkeun ku Balé Pustaka.

 

Antara Sawér jeung Pupujian

Kumaha ari sair dina kandaga budaya atawa literasi Sunda? Keur ngajawabna mah bisa mapayan kamus-kamus heula, ké ditéma ku tina énsiklopédia. Cék Satjadibrata (Kamus Basa Sunda, 1954: 348), sair téh tina basa Arab, “Sya’ir”, hartina ngaran sarupa dangdingan. 

Ari cék Hardjadibrata (2003: 698), sair téh “poem consisting of four rhyming lines (usually each of 8 syllables, the contents usually of a religious or moralising nature); also spelt sa’ir” (sajak nu diwengku ku opat padalisan murwakanti [dina unggal padalisanna aya 8 engang, eusina biasana ngeunaan kaagamaan atawa moral]; diunikeun ogé sa’ir). Palebah Danadibrata (Kamus Basa Sunda, 2006: 596), dibéré hartina sarua jeung Satjadibrata, sair téh.

Nu rada panjang nerangkeun ngeunaan sair kasampak dina Ensiklopedi Sunda (2000: 562-563). Di dinya ditétélakeun yén sair téh wangun sajak heubeul, serepan dina sastra Arab (sya’ir). Sasaruanana dina basa Indonésia, syair. Cenah dina kandaga budaya Sunda mah, sair téh réa kapanggih dina sawér jeung pupujian. Saeutik cenah nu kapanggih dina carita naratif mah, lantaran aya wangun wawacan nu geus maneuh.

Palebah dina sawér, padalisan sair tetep diwangun ku dalapan engang sarta diluyukeun jeung laguna anu geus matuh. Ku kituna, wangun sair téh ngan ditembangkeun ku lagu-lagu wirahma rancag. Bari sok direumbeuy ku pupuh deuih, ngarah aya variasina. Nu matak sok aya gabungan sair jeung Kinanti, nu remen kapanggih dina kidung. Sakapeung pola sairna robah, nepi ka genep padalisan, kalawan pola purwakanti a-a-a-a-a-a atawa a-a-a-b-b-b. Wangun sair leuwih condong dipaké waktu mépélingan langsung pangantén ngeunaan adab-adaban rumah tangga.

Tapi cenah, reremenna mah sair téh sok dipaké dina pupujian. Biasana sok kabéh wangun sair baé, arang kacampuran ku wangun puisi séjénna. Lantaran aya patalina jeung sajarah atawa tradisi wangun sair dina téks agama. Kitu deui aya hubunganana jeung cara nembangkeunanana. Dina pupujian mah, sair téh arang aya variasi mélodi. Utamana mah wirahma rancag, nu siga monoton, da nu dialapna ogé husuna. Ngan pola purwakantina sok robah dina pupujian téh. Sakapeung henteu maranti a-a-a-a, tapi bisa a-b-a-b, a-b-a-a, a-a-b-a, jeung b-a-a-a. Lain ngudag hayang nganyara-nganyari cenah, tapi ku lantaran kateken ku jihat harti nu dipentingkeunana.

Dina panalungtikan-panalungtikan husus ngeunaan sawér jeung pupujian ogé teu jauh ti nu geus dipedar dina Ensiklopedi Sunda. Yetty Kusmiaty Hadish, spk. (Puisi Sawer Bahasa Sunda, 1986) nétélakeun yén dumasar kana hasil panalungtikan timna, sawér téh diwangun ku puisi terikat, puisi semi terikat, puisi bébas, jeung prosa. Dina dapuran puisi terikat aya wangun sair (58,8%), pupuh (26,4%), jeung sisindiran (10,3%). Nu 58,8% téh beunang milihan tina 80 sawér, kabéhanana aya 1.009 pada sair. Nu kaasup puisi semi terikat aya wangun papantunan (2,1%), kawih (3,7%), sarta dua, tilu, opat, lima, jeung genep sajak (6,3%). Puisi bébas mah wangunna sajak bébas (2,2%). Tapi aya ogé prosa lirik nu jumlah perséntaseuna ngan 0,1%.

Sidik pisan, wangun sair gedé pangaruhna dina sawér. Naha éta téh ngandelan anggapan umum yén kecap sawér asalna tina kecap sair? Cék Yetty Kusmiaty Hadish, spk., mah teu bisa ditangtukeun kitu, sabab dina kanyataanana mah nyawér nu maké mantra geus aya saméméh wangun sair datang dibawa ku pangaruh Islam. Nu écés, eusi téks sawér umumna mah ngeunaan naséhat. Dina sawér heubeul, umumna dina wangun papantunan jeung sair, sok aya éksposisi, sedengkeun dina sawér anyar mah pola-polana henteu baku.

Kitu deui ngeunaan pupujian. Tini Kartini, spk. (Puisi Pupujian dalam Bahasa Sunda, 1986: 14) nyebutkeun yén umumna wangun pupujian téh sair atawa disebut siiran. Saperti nu ditétélakeun dina Ensiklopedi Sunda, disebutkeun ogé sair téh beunang nyerep tina sastra Malayu jeung sajabana. Tambahna cenah eusi sair téh carita, hikayat, jeung naséhat. Umumna mangrupa karangan panjang nu eusina bisa puluhan nepi ka ratusan pada. Unggal padalisanna reremenna maké patokan dalapan engang.

Ngan angger purwakantina nu robah téh. Cenah salian ti a-a-a-a, aya ogé a-a-a-b, a-a-b-a, a-a-b-c, a-b-a-b, a-b-a-a, a-b-b-b, a-b-c-a, a-b-c-c, a-b-b-c, a-b-a-c, jeung a-b-c-b. Ku naon pangna kitu? Tini Kartini, spk. suméndér kana hasil panalungtikan Yus Rusyana (1971) nu nyebutkeun yén saméméh sair datang, di Tatar Sunda geus aya wangun-wangun sajak nyaéta papantunan, jangjawokan, sisindiran, jeung kawih. Ti Yus Rusyana ogé kapanggih papasingan pupujian, nyaéta sair, paparikan, kantétan dua, kantétan opat, kantétan genep, kantétan salapan, jeung kantétan robah.

Salasahiji bukti popularitas pupujian di kalangan pasantrén antarana bisa dibaca tina tulisan karya Soerawidjaja nu dimuat dina Papaés Nonoman nomer 3 & 4 (1917: 6-7), “Sakeupeul-keupeuleun”. Dina tulisan nu dititimangsaan Garoet téh, Soerawidjaja nerangkeun yén enggoning ngamumulé basa Sunda téh urangna kudu leukeun tatanya ka para sepuh, kudu daék nyatetkeun, jeung kudu daék nyaksrak ka pasantrén-pasantrén. Cenah gé, “Djeungna peupeudjeuh koering mah ka doeloer-doeloer, masing daék njaksrak pasantrén-pasantrén. Geura di dinja téh réa pisan pepentilan kembang Soenda, anoe koe oerang téa disangka-sangka bakal aja noe kitoe.”


Nu dimaksud pepentilan ku Soerawidjaja téh mangrupa pupujian nu disairkeun. Cenah gé, “Lain dangding Dangdanggoela, Kinanti, tapi ieu mah disa’irkeun, noeroetan Arab, sok dipaké poepoedjian koe santri-santri, saperti tjontona koering geus manggihan di hidji pasantrén.” Sanggeus kitu mah, dina tungtung karanganana, Soerawidjaja ngalampirkeun pupujian sair nu dijudulan “Wasiat Adjengan”. Kabéhanana aya 12 pada, unggal padana diwangun ku opat padalisan, jeung polana ngabaku a-a-a-a kabéh.

 

Nyambung ka: Sair Sunda dina Awal Abad ka-20 (Bagéan 2)


Posting Komentar

0 Komentar