Foto: Kanal YouTube DPR RI
 

MINANGKA anu salila ieu ngarumasakeun sok luh-lah jeung sok gancang timbul amarah mun nyanghareupan masalah-masalah basa Sunda, kuring mah asa “katulungan” ku kasus Arteria. Enya Arteria Dahlan, anggota Dewan Perwakilan Rakyat Republik Indonesia (DPR RI). Éta anggota déwan téh ngamasalahkeun Kepala Kejaksaan Tinggi (Kajati) nu ngagunakeun basa Sunda dina rapat resmi. Majar éta Kajati téh kudu diganti. Majar ieu téh Indonésia, maké basa Sunda dina rapat bisa nimbulkeun prasangka nu lain-lain.

Urang apal tina warta nu sumebar, bisa jadi nu dimasalahkeun ku Arteria téh soal kamungkinan ayana népotisme. Jaksa nu nyarita ku basa Sunda ka atasanana bisa ditafsirkeun usaha hiji jalma anu hayang deukeut, hayang kapaké, atawa ngamangpaatkeun hubungan kadaérahan keur ngalancarkeun karier, naék jabatan, jeung sajabana. Padahal dina raraga réformasi di lingkungan kajaksaan, nu kitu téh keur dibabadan. Ayeuna mah cenah teu bisa aya jaksa nu ujug-ujug nérékél jabatanana lantaran népotisme atawa lantaran deukeut jeung atasanana. Mutasi jaksa atawa jaksa naék jabatan, kudu didadasaran ku profésionalismena, ku préstasina.

Hanjakalna téh Arteria nyebut langsung “basa Sunda”, henteu milih frasa “basa daérah” upamana anu leuwih lega kontéksna. Atawa henteu maké kalimah “hubungan-hubungan primordial”. Turug-turug ditambahan ku nyebut “Ini Indonesia” deuih. Nya ku éta frasa, Artéria kudu nanggung akibatna. Protés nu muncul di ditu di dieu siga sunami nu ahirna ngagulung dirina. Dalah lamun nyebut “basa daérah” ogé kétang, ku taksiran mah bisa nimbulkeun réaksi.

Ku sabab nyebut basa Sunda langsung, jeung nyebut “ini Indonésia”, maksud nu hayang dihontal ku Arteria téh jadi cambal. Masarakat bakal hésé narima maksud hadé tina omonganana lantaran éta omongan langsung asup kana wilayah anu matak bahaya. Bahaya ku dua ku tilu. Kahiji, omongan Artéria geus ngalanggar SARA, naon baé maksud tina omonganana. Kadua, tudingan aya nu nyarita dina rapat bari resmi maké basa Sunda rada hésé katarima. Omongan Arteria bisa nimbulkeun pitnah, ari sabab kudu dibuktikeun naha enya aya Kepala Kejaksaan Tinggi anu paséh nyarita basa Sunda dina rapat resmi? Katilu, omongan Arteria nonggongan rupa-rupa aturan perundang-undangan ngeunaan basa, ti mimiti konstituti nepi ka aturan-aturan turunanana. Ku nyebut “ini Indonésia”, Arteria saenyana keur ngahianatan konstitusi jeung keur ngahianatan lembagana sorangan anu di antara tugasna ngajaga marwah konstitusi.

Ku éta tilu alesan, ku cara kumaha baé Arteria ngabantah, atawa kumaha baé manéhna ngangles, hésé dipikapahamna jeung hésé hampuraeunana. Saolah-olah basa Sunda ilégal, saolah-olah basa Sunda teu meunang dipaké di Indonésia. Saolah-olah basa Sunda “mahluk” nu ngabahayakeun. Atawa, lamun urang hayang ngajugjugan maksud omonganana basa Sunda téh jadi jalan népotisme. Jalma nu maké basa Sunda teu profésional sarta bisa ngaruksak réformasi di lembaga kejaksaan.

Urang apal, dina UUD 1945 pasal 32 ayat 2 jelas-jelas nyebutkeun “Nagara ngajénan jeung miara basa daérah minangka kabeungharan budaya nasional”. Keur ngabuktikeun yén nagara ngajénan jeung miara basa daérah, antarana baé taun 2006 Mahkamah Konstitusi kungsi narjamahkeun UUD 1945 kana basa Sunda jeung sawatara basa daérah séjén. Lamun diukur tina darajat karesmianana, bawirasa leuwih resmi narjamahkeun UUD 1945 kana basa daérah tinimbang rapat ngagunakeun basa Sunda di lingkungan kajaksaan. Mahkamah konstitusi waé ngahargaan basa Sunda, piraku anggota DPR henteu.

Gédéngeun ti éta, Undang-Undang No. 24 taun 2009 jelas-jelas ngatur kumaha dipakéna basa Indonésia, basa daérah, jeung basa asing. Éta undang-undang dipérélékeun deui unak-anikna dina Peraturan Pamaréntah No. 57 taun 2014. Atuh dina Undang-undang No. 23 taun 2014, utamana dina pasal-pasal nu ngatur tatakelola pendidikan, basa daerah kudu diurus ku pamaréntah daerah provinsi jeung kabupatén/kota keur kapentingan pendidikan. Nu panghaneutna muncul Undang-Undang No. 5 Taun 2017 ngeunaan Pemajuan Kebudayaan, anu nyebutkeun yén salah sahiji obyék pemajuan kebudayaan téh nya basa daérah. Éta sakabéh undang-undang téh tangtu ngaliwatan Proglegnas (Program Legislasi Nasional) anu kamaslahatanana geus dibeuweung diutahkeun ku pamaréntah jeung DPR. Kari-kari ku anggota DPR-na sorangan dimasalahkeun. Éta nuduhkeun yén anu ngamasalahkeunana boa henteu paham kana undang-undang ngeunaan kabasaan.

Basajanna, naon anu didadarkeun ku undang-undang patali jeung urusan basa téh ceuk sakuringeun mah bisa diwakilan ku jargon Badan Bahasa: “Utamakan bahasa Indonésia, lestarikan bahasa daerah, dan kuasai bahasa asing”. Mémang perlu urang apal wincikanana kumaha fungsi jeung kalungguhan éta tilu élemén basa téh, ngan anu jéntré boh basa Indonésia, boh basa daérah, kitu deui basa asing diwenangkeun keur dipaké luyu jeung kaperluanana. Éta saenyana anu jadi erohna régulasi ngeunaan basa téh, yén éta tilu élemén basa téh boga hak hirup, boga hak dipaké, jeung boga hak mekar di lingkungan masarakat Indonésia.

Hanjakalna éta eroh régulasi basa téh mindeng diapilainkeun. Kasadaran urang kacida héngkérna dina mikapaham jeung merenahkeun basa nu digunakeun. Arteria anu ngusik-ngusik basa Sunda ogé kasadaranana lemah dina soal éta. Kitu deui urang nu nghujatna, boa-boa ogé lemah dina soal éta. Da mun rék jujur, terkadang urang ogé minangka jalma anu ngaku urang Sunda, sok teu sadar kana erohna régulasi basa anu nyebutkeun yén basa daérah téh kudu dipiara. Lemahna kasadaran modél kieu téh ogé jadi panyakit bangsa urang sacara umum.

Contona baé, usaha pikeun ngutamakeun basa Indonésia mindeng dirusak ku libido ngagunakeun basa asing nu teu perlu, malah ngagejrétkeun martabat basa Indonésia minangka basa resmi nagara. Libido ngagunakeun basa asing téh lain baé dituduhkeun ku masarakat, tapi ku pamaréntah deuih, boh di pusat boh di daérah. Istilah atawa kalimah basa asing bruh-bréh aya di mamana jadi polusi di ruang-ruang publik. Padahal éta basa atawa istilah asing téh sawaréh ku Badan Bahasa kungsi dituduhkeun padananana, dijieun peristilahanana, sawaréh deui saenyana bisa ditarjamahkeun atawa diganti ku basa Indonésia. Tapi kumaha faktana? Ngaran kompléks perumahan, tempat wisata, iklan produk, acara televisi, istilah transportasi, aplikasi digital, loba diumbar ngagunakeun basa asing.

Kitu deui basa daérah anu ceuk régulasi téa kudu dipiara. Mun niténan kahirupan basa Sunda kiwari, upamana, apan ceuk saréréa ogé rada pikawatireun, sok sanajan basa Sunda ceuk Badan Bahasa kagolong basa anu hirupna aman. Ngan apan Badan Bahasa sorangan kungsi némbongkeun fakta yén unggal sapuluh taun panyatur basa Sunda leungit dua jutaan urang. Mun niténan kumaha urang Sunda ngantep basana sorangan, kaharti. Apan geus loba indung bapa anu saenyana urang Sunda, geus teu ngajarkeun basa Sunda ka barudakna. Enya gé basa Sunda diajarkeun di sakola, hasilna teu maksimal da masarakat nu jadi lingkungan sosial barudak kurang ngajénan kana basa Sunda anu hadé. Miara basa Sunda – mun nginjeum istilah Cécép Burdansyah – nyaéta pancén budaya urang Sunda, tapi hanjakalna tanggung jawab urang kana miara budaya sorangan katémbong héngkér. Buktina kahirupan basa Sunda téh lain kalah nanjung, tapi kalah beuki kasérédkeun. Naon-naon anu diperjuangkeun ku urang Sunda pikeun ngahirup-huripkeun basa Sunda, ngaliwatan ngarang buku, ngaramékeun média sosial, ngajar di sakola, nyanggi lagu, nyieun film, jeung usaha-usaha séjénna, boa ukur katineung para satria, lain gambaran masarakat umum anu murba.

Tapi ana disentil mamaras primordialna mah teu burung ngagurubug. Ku pok-pokan Arteria, urang ngarasa dihina jeung dicacampah sarta guyub hayang éta anggota DPR ménta ampun sarta mun bisa dipecat ti partéy sakaligus tina kaanggotaanana di DPR. Hartina, boh nu sapopoé merjuangkeun hirup-huripna basa Sunda, boh anu geus ngaluli-lulikeun, ari jati dirina diganggu mah nguniang. Teu rido basa Sunda, anu salila ieu jadi bagian tina jatidirina digunasika. Geura baé, juri-juri X-Factor (acara kompetisi musik di salah sahiji stasiun televisi) anu kabeneran jolna ti Bandung, milu masualkeun kalakuan Arteria ku carana sorangan. Celetak-celetuk ku basa Sunda bari sindir-sampir. Padahal can tangtu sapopoéna mah ngagunakeun basa Sunda.

Ku hal éta saenyana urang kudu “nganuhunkeun” ka Arteria lebah manéhna geus hasil nyundutan mamaras urang salaku urang Sunda. Urang Sunda disadarkeun yén manéhna boga basa anu kudu dipiara, anu teu rido dicacampah ku batur. Tinggal ayeuna aya pertanyaan, sanggeus basana dicacampah, sanggeus kahudang pikeun ngajaga marwah sélér bangsana, naha tuluy maranéhna jadi sadar hayang miara jeung maké basa Sunda? Tah ieu nu kudu diuji téh. Lamun beuki réa urang Sunda nu hayang maké basana dina kahirupan sapopoé, hartina manéhna sadar kana kasundaanana jeung sadar kana pancén budayana. Hartina enya ambekna téh. Tapi lamun ka hareup kahirupan basa Sunda angger nyirorot, kudu ditalék naon motivasina milu ambek ka Arteria?

Cag!



DARPAN, lahir di Karawang taun 1970. Alumni Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah IKIP Bandung (UPI ayeuna). Sababaraha kali dilélér hadiah sastra LBSS jeung D.K. Ardiwinata. Taun 1999 dilélér hadiah sastra Rancagé pikeun kumpulan carpon Nu Harayang Dihargaan. Buku kumpulan carpon séjénna nyaéta Rusiah Kaopat Welas (taun 2008). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN 1 Garut. Ayeuna kaselir jadi ketua Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS).