Lantis Reumis - Sajak-Sajak Ari Andriansyah

 

Hujan. AI Image.


LANTIS REUMIS

Lantis reumis janari maseuhan pipikiran
Nyalangkrung kakangen na dangdaunan
Basa rénghap cunduk ka cipruk totoang
Bada mopo nikreuh bedang lalampahan

Ngelemeng deui ringkang panginditan
Cileuncang ngariakkeun pangbalikan
Tapak dampal waktu nu leyur ku hujan
Lacak kayakinan milu ilang laleungitan

Juuh ibun subuh maseuhan lelembutan
Ngagaréndang katineung na jujukutan
Basa léngkah anjog ka beueus galengan
Bada titirah kalangsu di pangumbaraan

Ngalangkang deui ronghéap sorangan
Dina tibelat dina duriat panganggeusan
Nambaan kadar kalah parna milaraan
Indit jeung balik jatining kateudayaan

2015





KELUN NGUNGUN

Kalbu téh nu tuhu ngarintahkeun hirup
Susuganan ipukan rampak na cowakan
Lahlahan masakat digemuk kayakinan
Muga tinekanan renung daun kanasiban

Najan lara tara ngahagal mutuh naragal
Nilas bagja niplas daun kelang sakatiga
Sing léah disebét-dirajang na rimbagan
Iklas diicis-diampar na sasag tunggara

Ari umur nu dipoé-diibun na pandagan
Geura ridokeun mun dicewolan waktu
Sadrah dilinting beurang jeung peuting
Hirup ngabako banget takdir nu sanget

Mun pareng kudu ngelunkeun ngungun
Sabada ngeput harepan muput impian
Rasa mah sing sumerah najan nu nyésa
Hirup kari kuntung umur kari calacah

2017





LAMPAH JARAH

Boa taya kendatna ieu tenung tineung
Lumanggeng sapanjang lampah jarah
Liwung nu marabun saendeng-endeng
Balotah nyilokeun caang jeung peteng

Bruh-bréh kalangkang narémbongan
Kakangen teu suda lipur haben ngabitur
Geter ringkang nu kungsi sumarimpang
Nyirep karep sangkan kebek miharep

Boa hamo laas-laas mupus tapak lawas
Anjog deui tepung deui jeung kawaas
Nikreuh geuning teu manggih reureuh
Ngalalana kalah lana maparah kanceuh

Lampah horéng kari harepan satampah
Samar bakal nepi raratan nu kasungsi
Piruruhan waktu ngelunkeun wuyung
Muput kangungun ngeput kagandrung

2018





LINDU WINDU

Geuning kalénder ukur baganti angka
Pamohalan waruga tujul nyorang abad
Mungguh hirup mutuh ngitungan poé
Ti tanggal ka tanggal milangan simpé

Lumakon jongjon andon kadalon-dalon
Sangkaan ngalalana baris nyorang lana
Horéng uduh jeung luluh hirup sakujur
Ti minggu ka bulan lawas numbu umur

Geuning kalénder ukur baganti lambar
Ti taun ka windu waruga ngalumpuruk
Huntu nu parunglak buuk nu muruluk
Wanci micisan daging ngarecah tulang

Lamun téa isukan poé nu panungtungan
Naon nu leuwih punjul batan kakurang
Kajaba katunaan nu mungkas wilangan
Sedeng pati muni lilinduan na jajantung

2018





LUBARAN LEBARAN

Lebar temenan geuning lubar lebaran
Lebur mikuru waktu lébér kahéngkér
Nyacaka raga kalah hapa nu kabanda
Jangjang takwa kuru karancang iman

Puasa cupar lapar kayakinan salancar
Mintal tawekal ngalalamad basangkal
Poé-poé kari ramat umur nu paregat
Rengat darajat saban ugeran paragat

Lebar temenan geuning lubar lebaran
Labur milaku napsu lébér mongkléng
Majar ngahontal cahaya sarébu bulan 
Peteng jeung peteng deui nu kasorang

Napsir diri salilana teu hatam-hatam
Saendeng-endeng ukur rébo kabodoan
Milaga sémah ligincing katuna somah
Tuluy mudik brasna ka kalanggengan

2019





RARATAN SARAKAN

Natar ingetan ukur ngalalar kélangan
Sarakan beuki samar na saru harepan
Ngumbar kakelar monténg mihonéng
Anteb temen angen-angen mikangen

Rénghap deui ranjug deui sumoréang
Duka baris anjog ka mana ieu tibelat
Sanggeus langit depek bumi heureut
Lélémbok lembur laas na lelembutan 

Di dieu sarakan teu manggih raratan
Horéng geus tumuwuh tangkal séjén
Ngaginggeung leuweung nu ahéng
Neba sawah waja neba kebon beton

Hégak deui regéh deui panineungan
Nyusud linduh nyungsi liuh sarakan
Naon deui nu rék ditéangan impian
Mun pangauban tinggal kalangkang

2019



ARI ANDRIANSYAH, lahir di Arjasari taun 1988. Red Army, striker di Cacandran.com. Nulis pangpangna dina wangun sajak jeung carpon. Dimuat dina Manglé, Cupumanik, Tribun Jabar, jeung Pikiran Rakyat. Kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Bukuna anu geus medal nyaéta kumpulan sajak Léngkah (2016), kumpulan fiksimini Hégak (2017),  kumpulan sajak Kalangkang Ringkang (2021), jeung kumpulan sajak Urat Jagat (2025). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN Jatinangor. Matuh di Tanjungsari.


Posting Komentar

1 Komentar

  1. Sae Pisan..
    Kedah sering2 ngaos anu samodel kieu, kanggo bahan ngamumule Basa Sunda

    BalasHapus