Lalakon Éman Turi Basa Jaman DI di Pagerageung (Bagéan 3)


 Jadi OKD

TAUN 1956, kuring milu daptar jadi OKD (Organisasi Keamanan Desa, milisi sipil sarupa hansip anu pancénna mantuan tentara sarta dibéré senjata). Tina tadina sieun dikakalakeun ku gorombolan alatan sual duit téa, nya kajeun ngadedetkeun manéh ka tentara. Ti batan dipaéhan, leuwih hadé merangan DI sakalian.

Harita tentara di Pagerageung téh ukur aya BODM wungkul (Bintara Onder Distrik Militer, satingkat koramil ayeuna). Ku lantaran tentara BODM téh jumlahna teu réa, antara 9 nepi ka 11 personil, nya dibantuan ku OKD anu jumlahna antara 11 nepi ka 17 personil. Tapi sakitu gé saenyana kurang kénéh, da gorombolan anu nyerang mah bisa dua tikeleunana. Ma’lum tuda, jaman nagara walurat. Nepi ka kungsi basa aya serangan ka Pagerageung (saméméh kuring jadi OKD), tentara jeung OKD kététér, tug ka mundur ka Ciawi. Malah ku gorombolan diobrotna téh nepi ka lebah tanjakan Cangkudu (mun ti péngkolan Pamoyanan mah pudunan, saméméh Ciawi).

Sabada réngsé milu latihan OKD, kuring mimiti nyekel senjata téh nyaéta bedil dorlok. Beu, ripuh nu aya maké bedil dorlok mah. Pélorna kudu diasupkeun hiji-hiji. Sup pélor, dikokang, beledug ditémbakkeun. Geus kitu geuwat cangkang pélorna dikaluarkeun. Kakara sup deui pélor. Aya éta ogé OKD anu dipercaya nyekel bedil karel (Carl Gustav), ngan teu réa. Malah OKD anu geus kapeunteun wedel tur wanian mah dibéréna téh bedil géren (Garand).

Béja ngeunaan kakejeman DI ti poé ka poé éstu matak muringkak bulu punduk. Teuing sabaraha urang anu némahan pati alatan ditémbak atawa dipeuncit. Kawas anu tumiba ka urang Cimanglid, maotna dipeuncit di sawah, tug ka sapat sirah jeung awak papisah. Malah paman sorangan ogé maotna téh alatan ditandasa ku DI. Salah saurang DI anu kasohor kejem téh nyaéta si Holil.

Tapi da tentara ogé deuih sok sarua taya ras-rasanana. Dalah OKD sorangan sok kabagéan haok jeung cabokna. Teu kaop salah saeutik, gampleng ditampiling. Telat datang pikét, gampleng ditampiling. Bari geus pasti dicarékan laklak dasar, “Rék ngabangkang sia téh?! Rék jadi DI?! Jor indit kéhéd!” Teu bisa majar kumaha OKD mah. Da sidik tentara téh dunungan.

Jeung kaasup hampang kénéh sakitu mah. Anu matak prihatin, éta ari geus nyiksa rahayat anu dituduh tukang marab, bari can karana puguh buktina. Malah kungsi kajadian aya oknum tentara anu nugel beuheung mayit gorombolan, tuluy sirahna digigiwing ka lembur bari dipuntir-puntir. Geunjleung atuh harita mah saréréa gé. Ari kuring mah tibang gogodeg wé. Ceuk na haté, “Ah, wani sotéh bané baé ka nu geus paéh. Da ari geus datang serangan mah moal ieuh ludeung nyanghareupan sosoranganan. Angger wé ditempurna ku saréréa.”

Enya, dina pamustunganana rahayat mah sasatna kagencét ti sisi ti gigir. Ka ditu kumaha, ka dieu kumaha. Da tétéla geuningan sarua matak teu ngeunahna. Malah sakur anu ngarasa geus dicuriga mah, boh ku DI boh ku tentara, antukna kajeun indit rerencepan ti lembur. Aya ogé urang lembur anu tuluy biluk ka DI, tug ka lalumpatan ka gunung, ku lantaran tadina diteungteuinganan ku tentara. Meupeus keuyang meureun ti dituna mah.

Koléksi foto IPPHOS.

Ti taun 1957 ka ditu, gorombolan beuki wani tur beuki remen nyerangna. Loba urang Pagerageung anu ngarungsi ka kota. Naha ka Bandung, atawa deukeutna ka Tasikmalaya. Tuda serangan téh teu sirikna ampir unggal peuting. Malah aya kalana dina sapeuting nepi ka dua kali kajadian serangan. Lamun dina saminggu jempling euweuh pisan serangan téh urang lembur lain atoh. Sabalikna, waswas pabaur jeung hariwang, sok bisi DI keur nataharkeun serangan gedé. Enya, ti taun 1957 nepi ka 1959 mah bisa disebutkeun mangsa rongkah-rongkahna silih bedil. Beubeuleuman teu sirikna gur di ditu ger di dieu. Korban nyawa, boh DI, tentara, OKD, atawa rahayat pisan, éstu geus lain wilangan deui.

Aya hiji kajadian serangan anu kuring inget nepi ka ayeuna. Éstuning matak sedih ari ras ka dinya téh.

Harita markas téh geus dipindahkeun ti pasar ka Genténg. Wayah beurangna tentara nampa laporan, yén DI geus nepi ka lebah Tegaldatar. Geuwat baé disusud ku saréréa. Tétéla euweuh. Tuluy baé baralik deui ka Pagerageung. Peutingna, basa keur di markas, teu kanyahoan ujug-ujug ger markas diserang. Sasatna dibongohan. Jegér bedil, bleng témbakan mortir. Atuh saréréa birat ka lebak, paheula-heula ngusrukkeun manéh kana kamalir. Ari kuring kaburu kakepung di jero markas. Geuwat baé nuruban manéh ku langseng badag paragi nyangu. Gur kadéngé markas dihuru. Seuneuna beuki ngagugudag. Euh, nya panas nya gandéng sora brong-brang kenténg ninggangan langseng! Tapi kuring sakuat tanaga mereketkeun manéh.

Heuleut sawatara lila, kadéngé komando gorombolan, “Majuuu!” Teu wudu haté bungangang. Tah, rék baralik geuning si kasebelan téh. Enya, da DI mah kodeu komandona téh sok dibalikkeun. Mun nyebut “mundur” éta téh nitah maju. Mun kadéngé “maju” hartina nitah mundur. Ari tentara jeung OKD boga kodeu sorangan, sarta unggal peuting ganti-ganti. Upamana mun ningali anu ngaringkang, urang nyebut “samber!”, itu ngajawab “nyawa!”, hartina babaturan. Mun teu némbalan, tara antaparah deui, beledag wé ditémbak.

Sanggeus yakin gorombolan malundur, kakara kuring kaluar tina jero langseng. Kasampak téh Sobana, OKD anu peuting harita kabagéan jaga, geus rénghék kawas beuleum lauk. Léos ka lebak. Gusti! Mayit OKD jeung tentara patulayah! Ampir kabéh maraot. Malah Létnan Oto sorangan katémbak, da nyampak téh keur gegerungan. Ku taksiran mah, sabot malundur ka lebak, di dinya geus ditaheunan ku gorombolan. Atuh ari srog ari dicehcer. Anu salamet mulus ukur kuring wungkul sorangan.

Bangkrut wé ti dinya mah, markas téh teu dijieun deui. Balas ku baluas.



Nyambung ka:

Lalakon Éman Turi Basa Jaman DI di Pagerageung (Bagéan 4) 


Bagéan saméméhna:

Lalakon Éman Turi Basa Jaman DI di Pagerageung (Bagéan 1)

Lalakon Éman Turi Basa Jaman DI di Pagerageung (Bagéan 2)


Posting Komentar

1 Komentar

  1. Mani resep maosna. Janten kacipta pisan situasi harita. Kararejem, sigan kanggo shock terapi ogé ka musuh nya. Ya Alloh.... Mudah mudahan teu kajantenan deui situasi sapertos kitu.

    BalasHapus