Lalakon Éman Turi Basa Jaman DI di Pagerageung (Bagéan 4)


Pager Bitis

Ku lantaran wewengkon Pagerageung katémbongna beuki gawat, ahirna turun bantuan tentara sabatalion ti Sumedang anu dipingpin ku Mayor Amir Machmud. Katelahna Batalion Sebelas April. Ari ngamarkasna di Munjul. Harita mah anu disebut kesatuan batalion téh jumlahna teu nepi ka 300 personil.

Puguh baé urang Pagerageung bungah kacida. Mana komo da Pa Mayor téh sikepna alus pisan ka rahayat. Jajauheun kana haok hamprong. Tug ka peristiwa sumpingna Pa Mayor Amir ku urang Pagerageung dijieun lagu:

 

Riwayat sabelas April
Pingpinan Pa Mayor Amir
Nu mangku kota Sumedang
Rayat kabéh pada terang

 

Saupama keur aya serangan rongkah, éta tentara anu sabatalion téh sok dibagi-bagi. Da serangan DI téh tara museur di hiji tempat. Ngacak, ka unggal juru lembur. Dina puncak-puncakna serangan antara taun 1959 nepi ka taun 1960, pasukan DI anu nyerang ka Pagerageung téh bisa nepi ka ngaratus. Perang mati-matian wé cindekna mah. Tug ka PDM Tasikmalaya (Pasukan Distrik Militer, mun ayeuna mah kodim) sok ngirimkeun bantuan mobil kérir (bren carrier, kendaraan tempur sarupa téng waja) jeung panser, dua atawa tilu unit.

Saupama aya serangan rongkah kitu, tangtu baé loba nimbulkeun korban. Boh tentara, boh DI. Tapi biasana anu panglobana korban téh ti pihak DI. Ngan mayitna sok tuluy dibarawa ku batur-baturna. Nyao dikalubur di mana. Ari mayit anu tinggaleun mah tuluy dikubur di pamakaman Limus Jajar, anu ayeuna jadi kantor kacamatan. Témpo-témpona mayit anu tinggaleun téh loba, dikuburna sok disaliangkeun. Lamun gorombolan anu maotna urang sabudeureun Pagerageung kénéh, hég aya anu apal, sok tuluy dibéjaan kulawargana, sina dipulasara.

Aya hiji hal anu matak hémeng, utamana sabada réngsé pager bitis. Senjata anu dicarepeng ku pasukan DI téh bisa disebutkeun kaitung canggih. Duka meunang ti mana tug ka baroga senjata kayaning karel, brén, stéyer, jeung géren. Da OKD mah réréana angger wé nyarekel bedil dorlok. Arang langka anu dipercaya nyekel karel téh. Komo géren mah.

Liwat taun 1960, kakara aya intruksi pager bitis. Jalma-jalma riab diabringkeun ka gunung. Tuluy di lamping gunung téh nyarieun sasaungan. Pos jaga katelahna mah. Jarak antara pos jaga hiji jeung pos jaga séjénna kawilang rékép, ukur méméteran, bari dipantengan tali anu digagantélan ku kaléng atawa naon waé anu lamun kaoyagkeun bisa disada. Tujuanana sangkan gorombolan anu ngalolos ti luhur bisa kanyahoan. Unggal pos dipingpin ku OKD, duaan atawa tiluan. Ari rahayatna aya tujuhan.

Koléksi foto IPPHOS.

Najan di lamping gunung téh riab jalma, tapi da angger wé sieun. Unggal peuting saupama keur jaga ukur bisa ngabaretem. Cacap nepi ka subuh teu salaré. Udud gé tangka disumputkeun seuneuna, ngarah teu katingali nyenét beureum ti kajauhan. Manggih-manggih pikaresepeun téh saupama keur dahar balakécrakan wayah pabeubeurang. Halokhak sempal guyon. Tepung deui jeung peuting mah nya tingbaretem deui waé.

Ti waktu ka waktu pager bitis beuki ngangseg ka luhur. Alhamdulillah, salila jaga di saung teu manggih kajadian anu pikahariwangeun. Sanggeusna sawatara bulan, kakara aya sawatara pasukan DI anu nyerahkeun diri. Lain ka pos jaga kuring, tapi ka pos jaga batur. Diilikan téh mani karucel jeung haropak. Meureunan geus lila teu manggih kadaharan. Ari bedilna geus meunang ngabeungkeutan, sapanggulan. Pasukan anu nyerah sok geuwat baé dipasrahkeun ka Pagerageung. Salamet, teu dikukumaha. Ukur ditahan wungkul.

Pasukan DI anu nyerah téh turunna teu ka Pagerageung wungkul. Réa ogé anu turunna ka wewengkon Malangbong jeung Bantarujeg. Kitu deui pasukan DI anu nyerahna, tétéla campur ti mana-mendi, lain ti sabudeureun Tasik-Garut wungkul. Malah aya urang Indramayu sagala.

Sabada kabéh gorombolan talurun, kari saurang DI anu embung masrahkeun diri. Si Kurdi, urang Ciseupan. Atuh ku OKD jeung tentara diuber. Balucat-balicet. Tapi antukna mah manéhna nyerah di Cibungur.

Taun 1962, meunang béja Kartusuwiryo katéwak. Teu wudu haté téh surak. (Lugiena De.)

***



Bagéan saméméhna:

Lalakon Éman Turi Basa Jaman DI di Pagerageung (Bagéan 1)

Lalakon Éman Turi Basa Jaman DI di Pagerageung (Bagéan 2)

Lalakon Éman Turi Basa Jaman DI di Pagerageung (Bagéan 3)


Posting Komentar

4 Komentar

  1. Opat bagian tamat satungkulan. Bakat ku kataji, lantaran macana bari nyawang wewengkon nu asa kacida wawuhna.
    Cik, guar deui lalakon jaman harita, lur ah. Moal teu matak pogot nu maca.
    Cacandran.com muga sing nanjung.

    BalasHapus
  2. Si Holil kumaha, teu kacaturkeun deui.

    BalasHapus
  3. Hadé, pogot pisan macana, Ang Déa.
    Nuhun. 🙏🏼

    BalasHapus
  4. Resep macana...nuhun

    BalasHapus