Nyungsi Karéta Api ti Bihari ka Kiwari (Bagean 4) - Ari Andriansyah

Sasak Cukanghaur di jalur KA Bandung-Kiaracondong-
Banjaran-Soréang-Ciwidey.


(2) Jalur KA Bandung-Ranc
aékék-Jatinangor-Tanjungsari

JALUR KA Bandung-Rancaékék-Jatinangor-Tanjungsari (12 km) diwangun tanggal 23 Pébruari 1918. Ieu jalur, lian ti pikeun ngakut penumpang, tapi ogé pikeun ngakut hasil perkebunan (entéh jeung karét) ti Jatinangor, nyaéta perkebunan bogana W.A. Baron Baud (Cultuur Ondernemingen van Maatschapij Baud) nu ditaratas taun 1941, nu tanahna ngebat ti mimiti IPDN kiwari nepi ka tutugan Gunung Manglayang.

Trayékna, ti setasion Rancaékék ngalér-motong jalan mobil lebah Cipacing-asup ka cipacing-ngolong ka jalan mobil lebah kampung Caringin-ngétan ngaréndéng jeung jalan mobil nepi ka Cikuda-ngalér nyorang sasak Cikuda-terus ka Désa Cilélés-sup ka setasion Tanjungsari, buntu di dinya. Geus kitu mah balik deui mapay jalan nu tadi.

Ari waktu panginditan dimimitian jam 5 subuh ti Tanjungsari-Jatinangor-Rancaékék, merlukeun waktu perjalanan 30 menit. Saterusna, jam 6 isuk-isuk ti Rancaékék-Jatinangor-Tanjungsari, sarua merlukeun waktu 30 menit. Kitu jeung kitu wé bulak-balik. Tengah poé istirahat tur lasteuna jam 5 soré di Tanjungsari.

Kungsi rék diteruskeun ka Sumedang, tapi moal pikadugaeun lebah Cadas Pangéran, kawantu cadasna teuas jeung jungkrangna gurawés. Lain bantrak-bantrakkeun. Kitu ogé ti Rancaékék teu terus ka Bandung, kudu ganti KA mun rék ka Bandung mah.

Ieu jalur diburakna jaman Jepang (taun 40-an). Erélna dikakat. Sabagian dibawa ka Tokyo, sabagian deui dibawa ka Banten Kidul dijieun deui jalur KA Saketi-Bayah, pikeun ngakut batubara. Sanasib jeung jalur KA Bandung-Citeureup-Majalaya.

Nu masih kénéh ajég kari wangunan sasakna, nyaéta sasak Cingcin di Désa Cikuda, Kac. Jatinangor, Kab. Sumedang. Ieu sasak jangkungna 50 m, paeunteung-eunteung jeung kampus UNPAD. Kiwari mah dipaké sasak pangliwatan ku masarakat jeung mahasiswa nu kos-kosan di dinya. Sasakna nyambungkeun jalan antara Désa Cikuda jeung Désa Cisaladah.

Kitu deui halteu nu aya di Jatinangor kiwari jadi kantor Dinas Pendidikan. Sedeng setasion Tanjungsari jadi kantor Pepabri, tapi ari tulisan ‘Stasiun Tanjungsari’ mah masih ngagedat dina témbokna. Nu matak narik téh deuih, deukeut éta setasion aya ngaran lembur nu ngaranna ‘SS’, ngindung tina Staats Spoorwegen.

 

(3) Jalur KA Bandung-Kiaracondong-Banjaran-Soréang-Ciwidey

JALUR KA Bandung-Kiaracondong-Banjaran-Soréang-Ciwidey (40,396 km) diresmikeun tanggal 18 Maret 1921. Diwangun dua rintakan; mimiti jalur Bandung-Kiacondong-Banjaran-Soréang taun 1918, laju taun 1921 diteruskeun jalur Soréang-Ciwidey. Munggaran aktif taun 1923, dipaké narik hasil perkebunan (téh, kopi, kai) di Onderneming Gunung Patuha jeung Rancabali, Ciwidey.

Trayékna ngaliwatan 17 setasion leutik, setasion Bandung-Cikudapateuh-Ciabangkonglor-Kiaracondong-Karéés-Cibangkong-Buahbatu-Bojongsoang-Dayeuhkolot-Kulalét-Pameungpeuk-Cikupa-Banjaran-Cangkuang-Citaliktik-Soréang-Sadu-Cukanghaur-Cisondari-lasteu di setasion Cimuncang, Ciwidey. Kitu jeung kitu bulak-baliik. Dina sapoé, 2 rit perjalanan. Ngoprasikeun KA “Si Gombar” CC5001.

Tanggal 7 Juli 1972 ngalaman kacilakaan, waktu KA narik kai pineus di daérah Cukanghaur, Kec.Pasirjambu. Antukna, ieu jalur resmi ditutup taun 1975. Kiwari, setasion Cimuncang, Ciwidey tinggal gudang nu nungtutan rugrug. Tanpa diriksa atawa dimangpaatkeun jadi fasilitas umum.

Tapi, di antara jalur KA nu teu aktif deui, nya ieu jalur nu erél—najan sawaréh geus kakubur padumukan—jeung 8 sasakna masih kénéh tohaga. Réréana sasakna dipaké pameuntasan ku masarakat, antarana sasak Sadu, Cisondari, Citawa, Rancagoong, Rancageulis, Andir, Kopéng, jeung Pasirkaliki. Malah, sasak Sadu jeung Cisondari kungsi dipaké shooting film “Oeroeg” taun 1997 (adaptasi tina novel Oeroeg, 1948, Hella S. Haase).



Nyambung ka:

Nyungsi Karéta Api ti Bihari ka Kiwari (Bagéan 5) 

Bagéan saméméhna:

Nyungsi Karéta Api ti Bihari ka Kiwari (Bagéan 1)

Nyungsi Karéta Api ti Bihari ka Kiwari (Bagéan 2)

Nyungsi Karéta Api ti Bihari ka Kiwari (Bagéan 3)



BIODATA ARI ANDRIANSYAH

Posting Komentar

0 Komentar