Nyungsi Karéta Api ti Bihari ka Kiwari (Bagéan 5) - Ari Andriansyah

Nunggu KA di Halteu Cinunuk, Kecamatan Wanaraja (1978), 
nunggu KA jurusan Cibatu-Garut.


(4) Jalur KA Cibatu-Garut-Cikajang

JALUR KA Cibatu-Garut-Cikajang (50 km) diwangun taun 1889. Harita, ieu setasion jadi kabutuh utama transportasi masarakat Garut. Puseur karaméan lumangsung di setasion Garut. Lantaran lokasina stratégis, manjang ti péngkolan (Jl.Ahmad Yani), ka hujung Jl.Kenari (Veteran), nepi ka nikung ka Jl.Bank. Katambah, posisina anggang ka terminal beus jeung pangkalan oplét, nu ngebat ti wates panto KA Jl.Melati (Pramuka), tug ka tikungan Jl.Guntur.

Kungsi taun 1945, ti setasion Cikajang rék diteruskeun ka Pamengpeuk, tapi kahalang ku gurawésna jungkrang pagunungan Batu Tumpang, Cikajang. Éta isu gé muncul deui tanggal 18 Maret 1994, tapi weléh taya juntrungna.

KA nu dina sapoé perjalananna 5 rit téh—saritna méakeun waktu 1,5 jam—nungtut ngeprul paromanna. Nya, taun 1955 teu digunakeun deui ngakut penumpang, malah dipaké ngakut BBM pikeun PTG (Pabrik Tenun Garut), tur sababaraha kali ganti jadi lokomotif désel. Tapi, angot kalah teu bisa ngayonan tanjakan teu cara waktu maké batubara.

Mesinna terus ropoh. Hateupna balocor. Malah majuna gé halon pisan, bisa kasusul ku léngkah jelema. Komo sanggeus kajadian Galunggung bitu 1982, beuki parna pisan. Nepi ka ditutupna ieu jalur KA. Kitu deui nasib 10 halteu trayék Cibatu-Garut jeung 7 halteu Garut-Cikajang, ngabigeu tan pangeusi. Ti mimiti halteu Pasirjéngkol, Cimaragas, Wanaraja, Cinunuk, Cibolérang, Pasiruncal, Sukaramé, tug ka setasion Garut. Sarua jeung sepina kaayaan di halteu Pamoyanan, Cirengit, Kamojang, Cibodas, Bayongbong, Cidatar, Cisurupan, tug ka Cikajang.

 

(5) Jalur KA Banjar-Pangandaran-Cijulang

JALUR KA Banjar-Pangandaran-Cijulang (80 km) diwangun taun 1918, tur mimiti digunakeun tanggal 1 Januari 1921. Jalurna diwangun 2 rintakan, mimiti Banjar-Pangandaran (60 km), laju Pangandaran-Cijulang (20 km). Ku pamaréntah Hindia Walanda, ieu jalur dipaké pikeun keperluan militér (ngajaga téritorial wilayah pakidulan Jabar), ngakut hasil perkebunan utamana kopra, sarta jalur wisata pikeun wisatawan Eropa lantaran pemandanganna nu kawilang éndah—fanorama padésaan, pagunungan, jeung basisir Pangandaran.

Jalurna kawilang hara-haraeun, da puguh nyukang lewang, ngaléngkahan biwir jungkrang, jeung mobok gunung pikeun torowongan. Di Jabar, lian ti torowongan Lampegan (Jalur KA Batavia-Buitenzorg-Cianjur-Bandung) jeung torowongan Sasak Saat (Jalur KA Bandung-Batavia liwat Cikampék), di dieu aya 3 torowongan nu salasahijina pangpanjangna di Pulo Jawa, diwangun taun 1918.

Nyaéta torowongan nu dibéré ngaran Prins Henrik Tunnel (salaki Ratu Wihelmina, walanda)/100 m, Prins Juliana Tunnel/250 m, jeung Koningin Wihelmina/1,1 km. Ngagunakeun lokomotif seri D 301 jeung BB 300. Ngaliwatan sababaraha setasion leutik di Banjarsari, Ciputrapinggan, Padahérang, Kalipucang, Pangandaran, Sukaresik, Cibenda, Parigi, jeung Cijulang.

Ahirna, jalurna ditutup, taun 1984 jalur Pangandaran-Cijulang ditutup, disusul taun 1986 jalur Banjar-Pangandaran. Lantaran réa infrastruktur erél nu ruksak parna, jeung teu mampuh ngayonan okupansi angkutan darat séjén nu harita mimiti murba. Kungsi taun 1996 pamaréntah méré waragad pikeun ngaktifkeun deui, tapi kaburu krisis monétér tur réa sasak nu kudu dirévitalisasi alatan kontur taneuhna nu teu cicing. Kiwari kari erélna nu nungtut béak dicabutan, tur sawatara sasakna nu masih ajeg (sasak KA Ciseel jeung nu panjangna kira-kira 1.000 m, di dieu bisa katangén panorama Sagaraanakan lebah Muhara Citanduy jeung siluet Pulo Nusakambangan).

 

(6) Jalur Kadipatén-Cirebon

JALUR KA Kadipatén-Cirebon (47 km) diwangun ku pausahaan Walanda, Semarang-Cirebon Stoomtram Maastschappij (SCS), taun 1901. Ieu jalur lian ti dipaké ngakut penumpang, nu utamana mah dipaké ngakut produksi gula ti 48 Pabri Gula (PG)/Suiker Fabriek jeung Pabrik Sepirtus dan Arak (PSA). Ngaliwatan 8 setasion leutik (halteu Kasokandel, Jatiwangi, Bongas, Ciwaringin, Palimanan, Jamblang, Pasalaran, setasion Cirebon). Kungsi rék disambungkeun jeung jalur Rancaékék-Jatinangor-Tanjungsari, tapi kahalang kaayaan géografi ku réana jungkrang.

Di antara jalur KA di Jabar, ieu jalur nu pangréana lintasan erél, sakaligus kaasup jalur nu erélna pangréana béak dikakat jeung karuag. Lintasan badag dipaké ngakut penumpang, sedeng lintasan leutikna dipaké ngakut tiwu. KA badag ngagunakeun erél ukuran standar (1.067 mm), kalawan jalur setasion Kadipatén-Palabuan Cirebon-setasion Kejaksaan. Erél ukuran leutik (600 mm) husus dipaké ngakut tiwu di sawatara PG nu sumebar di perkebunan tiwu—ku masarakat di dinya disebutna jalur ‘gotrok’.

Ngagunakeun 4-6 gerbong nu ditarik ku lokomotif uap séri B (digerakeun dua pasang roda utama), gerbong séri C kelas III/ékonomi (ngakut penumpang), gerbong séri M (pikeun padagang nu rék miang ka pasar), jeung gerbong séri G (ngakut barang jeung gula). Lilana perjalanan kira-kira 3 jam; ti Kadipatén miang jam 05.00, 13.00, sarta 16.00 WIB, kitu ogé bédana waktu mulangna ti Cirebon, kalawan ongkos Rp 200/urang (1975).

Ieu jalur ’gotrok’ téh mungkas riwayatna taun 1980-an. Alatan réana PG nu balangkrut, jeung erélna nungtut kakubur wangunan tur béak dikakat dipaké pakakas-pakarang. Kari sawatara sasak nu tohaga kénéh téh, karimun ku jujukutan (Cideres, Cibolérang, Palasah, jeung Ciwaringin).

***


Bagéan saméméhna:

Nyungsi Karéta Api ti Bihari ka Kiwari (Bagéan 1)

Nyungsi Karéta Api ti Bihari ka Kiwari (Bagéan 2)

Nyungsi Karéta Api ti Bihari ka Kiwari (Bagéan 3)

Nyungsi Karéta Api ti Bihari ka Kiwari (Bagéan 4)





ARI ANDRIANSYAH, lahir di Arjasari taun 1988. Red Army, striker di cacandran.com. Nulis pangpangna dina wangun sajak jeung carpon, dimuat dina Manglé, Cupumanik, Tribun Jabar, jeung Pikiran Rakyat. Sajakna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Bukuna nu geus medal nyaéta kumpulan sajak Léngkah (2016) jeung kumpulan fiksimini Hégak (2017). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN 1 Jatinangor.

Posting Komentar

0 Komentar